the saberna  konsep  kaadilan mun make cara nagara kasajahteraan (teu wani
nyebut nagara Islam, bisi salah, sanajan asa sajalan) aya dina soal gede
leutikna pajeg-duka tah, naha bisa disaruakeun jeung zakat atawa henteu.

nu beunghars pajegna leuwih gede bin ageung tibatan nu miskins-nu miskins
mah teu kudu dipajegan. pajeg naon cenah ngarana, progresif kituw? beuki
beughar beuki gede pajegna.

tah adil palebah dinya. pajegs eta dipake pikeun sagala rupi kabutuhan
warga, ti brol dijurukeun nepi ka dikuburkeun-legana mah nya ngurus nagara
jeung bangsa.

-----------------
cara SPP nu kang Budhi guar bener oge. malah geus diterapkeun di sakola
suwasta di bdg. kabeneran alo indungna budaks sma-na, sakola swasta-asana
sma tarbak jl. riau. enya, spp unggal murid teh beda2 gumantung kana gede
leutikna panghasilan kolotna.

itb oge kungsi menta rekening listrik ka si andiw. si andiw-dasar
belegugs- mentana rekening listrik rajamantri. puguh we sppna kudu nambah.
fadahal imah eta teh kagungan mitoha kuring. kuduna imah di antapani nu
tipeu ting (36) 450-900 watt. cenah mah noong rekening listrik pikeun
nangtukeun gede leutikna tambahan spp. mun mayar rek. listrikna gede
tangtu imahna gede, tangtu jelema beunghars. hehe. aya nu ku struk gajih.
nu ieu leuwih bener jeung pantes.  tapi da bapa di lembur teu boga gajih,
biasana make surat katerangan penghasilan ti desa.

kungsi mraktekeun adil:
1. unggal lebaran sok mere THR ka adi. sapuluh rebu ewang (conto, da poho
deui persisna).

2. beh dieu eta kitu teh asa teu pas. sabab adi nu SMA jeung SMP jeung SD,
beda duniana jeung jajana.
3. lebaran hareupna mah, make adil nu pantes, nu SMA 20 rebu, SMP 15 rebu,
SD 10 rebu. hehe.


mj

http://geocities.com/mangjamal


> --- In [email protected], "Budhi Setiawan" <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
>>
>> kuring mah lain teu resep kanu gratisan teh, ngan leuwih resep
> deui kanu adil.
sakola gratis lain teu hebat, ngan lamun nu asup sakola ka dinya
anak direktur BUMN upamana, nu gajina sabulan leuwih ti saratus juta,
ceuk kuring  mah asa teu adil. meureun hadena mah bayaran sakola teh ditempo
 tina pangasilan kolotna, asa wajar mun anakna pa direktur mayar SPP 5
 juta  upamana, ari keur pantaran kuring mah cukup we 25 rebu oge...

aya kitu sakola model kitu nya ?



Kirim email ke