ah der2 we rek nyarita ku basa sunda mah... biasana mah sieun ku nu teu jelas
pikasieuneun na, upamana soal undak usuk basa cenah bisi salah ngalarapkeunana
padahal teu kitu nya der2 we bet jiga urang jawa ge geuning ari panggih jeung
bangsana mah der we ngomong jawa paduli teuing nu lain sabudeureunana teu
ngarti ge.... tah biasana mah ari US mah sok loba kasieun tea sieun teu ka aku
atawa teu ngaragep angen batur alias toleran tidituna mah ngan jadina teu
'pede' tea ceuk budak ayeuna tea mah
dmar
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hahahah... Enya, ceuk cohagna mah urang Sunda teh euweuh kawani
(sawareh). Bakat ku borangan, nyarita make basa Sunda di Tatar Sunda ge tara
ludeung. Mangga bae ilikan di mol-mol, atawa di tempat2 karamean anu rada
'undak', urang bakal jarang manggih basa Sunda. Padahal, mun urang daek, nu di
mol2 teh da loba urang Sunda keneh, sarta barisaeun basa Sunda. Kari urangna
sabenerna mah, naha rek dipake atawa moal eta basa Sunda teh? Mun erek, sok
geura jangji dina jero hate, yen ti semet ayeuna, sabisa-bisa, salila di Tatar
Sunda mah aing rek nyarita ku basa Sunda ka saha bae. Erek make basa Inggris
atawa basa Mandarin atawa basa Indonesia, mun memang meleg2 nu diajak nyarita
ku urang teu bisa basa Sunda (komo mun keur jadi guide turis asing mah,
hehe..). Sanggup? Henteuuuuuuuu............. Heuheu...
Sigana, basa2 di Indonesia teh memang geus bener2 kari sahoseun. Daek teu daek,
kusabab kaayaan bangsa anu ngahiji tea, anu teu bener2 ngarojong kana dipiarana
basa2 indung, basa urang bakal kagusur ku basa nasional. Atuh da naon coba
ajenna basa2 urang? Aya soteh ajenna, ukur pikeun para panalungtik basa...
Tapi, pesimis teuing sigana mah nya? Heheh... Sok atuh, saha nu boga pamanggih?
On 11/29/06, Budyana Yogaswara < [EMAIL PROTECTED]> wrote: Enya
nya ... asana mah bener pisan tah, da kuring ge rumasa sok sieun make basa
sunda teh, tapi ieu teh lain euweuh alesanana, aya, malah rada panjang alesan
teh, bakat ku panjang jadi we sieun nuliskeun make basa sunda na ge ...
hehehehe
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com