Kang Kumi, apanan sakitu ebreh tur pertela na di wikipedia diguar ngeunaan (punten) heunceut ieu, bobogoan awewe nu dina basa latin mah disebutna teh "vulva". Tah, ari "vagina" mah ngaran anggota bagean tina "vulva", nyaeta mangrupa liang pikeun abusna bobogaan lalaki mun ngalakukeun hubungan badan. Ngan hanjakal masyarakat umum dina prak-prakanna salah nerapkeun dua istilah ieu. Teuing naon sabab musababna. Jigana nu diingetna ngan liangna wungkul jadi we istilah "vagina" leuwih familiar dipake pikeun ngaran bobogaan awewe eta.
Heuheuheu asa kararagok aing mah... Mangga supaya leuwih eces baca we di Wiki versi English. Baktos, OTA ================================================================================================================= Vulva >From Wikipedia, the free encyclopedia The external genital organs of the female are collectively known as the vulva. In human beings this consists of the labia majora and labia minora (while these names translate as "large" and "small" lips, often the "minora" can be larger, and protrude outside the "majora"), clitoris, opening of the urethra (meatus), and the opening of the vagina. In common speech, the term "vagina" is often used improperly to refer to the vulva or female genitals generally - even though strictly speaking the vagina is a specific internal structure and the vulva is the exterior genitalia only. Calling the vulva the vagina is akin to calling the mouth the throat. Sateuacanna, simkuring nega agung cukup lumur... nyungkeun jembar pangampura... rehna jauh dijugjug anggang diteang, simkuring dongkap ka dieu teh bade aya nu diseja. Kitu oge pedah bae, cenah di lembur ieu teh jalmina karahot, manggulang-mangguling raga jeung pikiranana, palinter kakoncara ka janapria. Simkuring teh sacara teu langsung diutus ku Perbu Jimbo Wales, Rajana nagara Wikinesia, disina naroskeun saperkawis hal, anu tos sababaraha dinten ieu jadi pipikiran rahayat Wikinesia. Biharina mah, rahayat nagara Wikinesia teh teu weleh suka bungah, hirup sabilulungan silih tulungan, walatra gemah ripah repeh rapih bari jeung raharja. Mung, sababaraha dinten ka pengker, ka nagara teh aya nu sumping, pakulitanana hideung koneng, paselang jeung beureum kayas. Anjeunna jol naros ka Kangjeng Perbu. Ari perkawis patarosanana, saleresna mah estu basajan. Ngan nya kitu tea, bakating ku basajan, jadi ku rahayat nagara Wikinesia teh kapopohokeun, nyaho makena wungkul, uninga raosna doang. Tah, kumargi sakur rahayat Wikinesia parantos taluk, taya nu sanggup mere jawaban anu pasti, nya simkuring diutus pikeun ngalanglang sakur buana, nyiar luang tina daluang, nyusud elmu ti saban guru, teu meunang balik samemeh meunang jawaban anu pasti. Cik atuh, baraya... tulungan... dupi istilah heunceut basa Latin atawa Inggrisna nujul ka mana? Vulva atawa vagina? Serius ieu mah... Awas mun ngajawabna bari seuseurian... -- sikandar kumincir.blogspot.com su.wikipedia.org ___

