On 11/30/06, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
[... teuk teuk ...] Ari perkawis patarosanana, saleresna mah estu basajan. Ngan nya kitu tea, bakating ku basajan, jadi ku rahayat nagara Wikinesia teh kapopohokeun, nyaho makena wungkul, uninga raosna doang. Tah, kumargi sakur rahayat Wikinesia parantos taluk, taya nu sanggup mere jawaban anu pasti, nya simkuring diutus pikeun ngalanglang sakur buana, nyiar luang tina daluang, nyusud elmu ti saban guru, teu meunang balik samemeh meunang jawaban anu pasti. Cik atuh, baraya... tulungan... dupi istilah heunceut basa Latin atawa Inggrisna nujul ka mana? Vulva atawa vagina? Serius ieu mah... Awas mun ngajawabna bari seuseurian.. .
mun teu ngajawab tapi milu seuri meunag teu? meunaaang .... HAHAHHAHAH .... ari sugan geus nyaho, sakitu geus nga saan teh .... cing baraya, kang hasan aya ngulampreng ka dieu? *ngaleos ah ..., lieur keur nyieun wiki* -- wassalam d_wahyu - http://ngacapruk.blogspot.bom - duka blog duka naon, mangga we toong

