Uing mah keukeuh nek nyalonkeun BAH WILLY euy!ngan aya saratna:
1. sanajan geus jadi bupati bah Willy tetep jadi anggota kusnet, meh kanyahoan, 
lamun teu posting dikusnet,hartina bupati keur dines luar.
2. sakur urang sumedang anu nyaraba atawa nu geus bumen2 dilembur batur cena 
baralik ka smd ( kebo mulang pakandangan)kalayan dibere pakasaban atawa proyek 
ku bupati sesuai kaahlian masing2.
3. urang sumedang ulah boga kereteg hayang muka tambal ban, supir angkot atawa 
tukang balon keun wae eta mah pasrahkeun ka seler sejen, masalah pakasaban ulah 
hariwang geus diatur ku bupati jeung rengrenganana.
4. sakur urang sumedang dibere akses internet kalayan haratis sangkan bisa 
ceting jeung bupati
5. bupati meunang nyandung, heueuh da bupati ge jelema, sarua jeung ustad atawa 
kiai,mun perlu nyieun perda-na.
6. para kuncens kabuyutan atawa saha wae anu nepi ka kiwari masih ngamumule 
titinggal karuhun, diangkat jadi pagawe nagri.
7. mun seug proyek jatigede jadi dibangun, bupati kudu nganggarkeun dana pikeun 
melakan eta waduk, ku rupa2 lauk diantarana;kancra, nila, gurame, bawal, lele 
dumbo, lalawak jrrd.  atuh saban poe saptu jeung minggu sakumna ra' yat 
sumedang anu kadedemes kana nguseup, babarengan ngaruseup jeung bupati.
8. ngan wayahna, mun seug jatigede geus jadi, uing menta idin ka bupati nek 
nyieun resto n' bar terapung, anu menu sapopoena bakakak, goreng belut, pais 
berod, sambel dadakan pleus bajigur ginseng dioplos jeung balagudeg, dahar 
sawaregna nepikeun ka ngajongkeng. sabada nguseup bupati meunang balakecrakan 
didinya kalayan haratis, ngan lamun geus rengse wayahna titah neken kontrak 
anyar.
9. tah kitu euy, lantaran uing geus bosen dilembur batur hayang geura balik 
kasarakan. mangga we bilih aya nu bade nambihan, mungpung bebas keneh 
ngalamuna, boa engke mah ngalamun ge mayar.
10.....................?
syam ridwan


  ----- Original Message ----- 
  From: Yuliadi 
  To: [email protected] 
  Sent: Thursday, November 30, 2006 3:23 PM
  Subject: RE: [Urang Sunda] Re: SUMEDANG JANG URANG SUMEDANG "HALIK KU 
AING"



  buktikeun!!!!
  breng geura ngalengkah.

  (sayah oge ti sumedang)
    -----Original Message-----
    From: ajat sudrajat [mailto:[EMAIL PROTECTED]
    Sent: Thursday, November 30, 2006 2:31 PM
    To: [email protected]
    Subject: [Urang Sunda] Re: SUMEDANG JANG URANG SUMEDANG "HALIK KU 
AING"


    Tah sapagodos pisan Kang... mal enya lembur urang dipimpin ku kowek he he 
geus nincak mangsana ayeuna Sumedang dipingpin ku pamingpin anu cageur, bageur 
tur singer sareng tong hilap kedah urang Sumedang..............




----------------------------------------------------------------------------
    Want to start your own business? Learn how on Yahoo! Small Business. 


   

Kirim email ke