Kuring mah mun bah Willy jadi bupati menta jatigede tong jadi euy...karunya ka
karuhun Ciwangi. Pajaratan Nini jeung aki urang kaeleb mun jadi mah ceurik
kuring...Moal aya pasir Marongpong jeung Dangdeur, tempat ulin keir leutik.
Nananggung pare huma.
Mata waas matak nineung!!!
Dedens
syamridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Uing mah keukeuh nek nyalonkeun BAH WILLY euy!ngan aya saratna:
1. sanajan geus jadi bupati bah Willy tetep jadi anggota kusnet, meh
kanyahoan, lamun teu posting dikusnet,hartina bupati keur dines luar.
2. sakur urang sumedang anu nyaraba atawa nu geus bumen2 dilembur batur cena
baralik ka smd ( kebo mulang pakandangan)kalayan dibere pakasaban atawa proyek
ku bupati sesuai kaahlian masing2.
3. urang sumedang ulah boga kereteg hayang muka tambal ban, supir angkot
atawa tukang balon keun wae eta mah pasrahkeun ka seler sejen, masalah
pakasaban ulah hariwang geus diatur ku bupati jeung rengrenganana.
4. sakur urang sumedang dibere akses internet kalayan haratis sangkan bisa
ceting jeung bupati
5. bupati meunang nyandung, heueuh da bupati ge jelema, sarua jeung ustad
atawa kiai,mun perlu nyieun perda-na.
6. para kuncens kabuyutan atawa saha wae anu nepi ka kiwari masih ngamumule
titinggal karuhun, diangkat jadi pagawe nagri.
7. mun seug proyek jatigede jadi dibangun, bupati kudu nganggarkeun dana
pikeun melakan eta waduk, ku rupa2 lauk diantarana;kancra, nila, gurame,
bawal, lele dumbo, lalawak jrrd. atuh saban poe saptu jeung minggu sakumna
ra' yat sumedang anu kadedemes kana nguseup, babarengan ngaruseup jeung bupati.
8. ngan wayahna, mun seug jatigede geus jadi, uing menta idin ka bupati nek
nyieun resto n' bar terapung, anu menu sapopoena bakakak, goreng belut, pais
berod, sambel dadakan pleus bajigur ginseng dioplos jeung balagudeg, dahar
sawaregna nepikeun ka ngajongkeng. sabada nguseup bupati meunang balakecrakan
didinya kalayan haratis, ngan lamun geus rengse wayahna titah neken kontrak
anyar.
9. tah kitu euy, lantaran uing geus bosen dilembur batur hayang geura balik
kasarakan. mangga we bilih aya nu bade nambihan, mungpung bebas keneh
ngalamuna, boa engke mah ngalamun ge mayar.
10.....................?
syam ridwan
----- Original Message -----
From: Yuliadi
To: [email protected]
Sent: Thursday, November 30, 2006 3:23 PM
Subject: RE: [Urang Sunda] Re: SUMEDANG JANG URANG SUMEDANG "HALIK
KU AING"
buktikeun!!!!
breng geura ngalengkah.
(sayah oge ti sumedang)
-----Original Message-----
From: ajat sudrajat [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, November 30, 2006 2:31 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Re: SUMEDANG JANG URANG SUMEDANG "HALIK KU
AING"
Tah sapagodos pisan Kang... mal enya lembur urang dipimpin ku kowek
he he geus nincak mangsana ayeuna Sumedang dipingpin ku pamingpin anu
cageur, bageur tur singer sareng tong hilap kedah urang
Sumedang..............
---------------------------------
Want to start your own business? Learn how on Yahoo! Small Business.
Website :
http://jatigede.bravehost.com/
http://priangan.freewebpage.org/
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com