--- In [email protected], ely evalita <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Upami aya jalmi ngaku muslim teras nyarios "Tidak setuju Poligami" 
> etateh harosna teu ngartos agama islam, etateh mengingkari 
> ketentuan Allah, naon hukuman jalmi ingkar, mangga we diemut. Komo 
> upami nu nyariosna ngangken ulamamah, hartosna eta ulama sama 
> sekali teu faham. Manusia teu aya hak mengingkari ayat-ayat anu 
> diturunkeun ku Allah.

Mairan Teh Ely. Aya kalimah Teh Ely nu rada teu pati katarima ku 
kuring, yen nu teu satuju poligami, teu ngartos Islam. Jadi meureun 
boloho pisan nya Teh? Kaasup meureun kuring, sabab kuring mah geus 
katelah di Kusnet, anti poligami.

Enya, rumasa kuring boloho dina agama Islam, tah ayeuna kuring rek 
naros ka Teteh soal tarjamahan surat Al Mu'minun:6 dihandap ieu :

"Dan orang-orang yang yang memelihara kemaluannya, kecuali kepada
isteri-isteri atau milik tangan-kanan mereka. Hal demikian tidak apa-
apa bagi mereka." (Q.S. al-Mu'minun: 6)

Katerangan : Dina tarjamahan Depag, "wanoja milik leungeun katuhu" = 
Budak belian.

Cik tah kumaha ceuk Teh Ely? Ari ceuk kuring mah, lamun surat ieu 
dibaca kitu wae, bisa boga kacindekan : 

1. Budak beulian awewe halal "dipake" kunu bogana.
2. Islam ngahalalkeun perbudakan

Tapi terus terang we kuring ngartikeun ieu lain tekstualna, tapi 
sumangetna, yen jalma teh kudu nahan nafsuna. Nu kaduana soal 
perbudakan. Lamun dihartikeun sambarangan, bisa boga kacindekan yen 
Islam teh ngahalalkeun perbudakan. Sabab teu aya dalil-dalil nu 
teges-teges ngaralang perbudakan, nu aya teh ngatur perbudakan. Jadi 
Islam ngahalalkeun perbudakan? ....sakali deui kuring leuwih nyokot 
spiritna, lain tekstualna, kuring yakin sayakin-yakinna yen sumanget 
Islam teh anti perbudakan. Kuring yakin baraya nu sanesna oge, 
sapamandegan jeung kuring yen Islam teh anti perbudakan.

Tah ayeuna kumaha perkara polygami? bade ditafsirkeun tekstualna 
wae " satu, dua, tiga dan empat",  atawa spiritna? Kuring yakin 
sayakin-yakinna yen SPIRIT ISLAM TEH SABENERNA CONDONG KANA 
MONOGAMI!. Lamun kuring tetep nyokot tekstualna, hartina kuring 
satuju polygami, kuring oge kudu konsisten jeung harti tekstual al-
Mu'minun: 6., nu bisa ngajebloskeun kuring kana kacindekan yen 
perbudakan teh halal.

Tapi ieu sakuringeun, mangga upami Teh Ely atawa nu sanesna bade 
benten tafsir oge, kuring moal rek ngahalang-halang. Kuring kapaksa 
mairan postingan Teh Ely jeung kapaksa nyutat ayat Suci sagala (nu 
sabenerna mah kuring teu pati purun) sabab nyaeta aya seratan Teh 
Ely, nu kurang sreg : Nu anti Polygami, teu ngartos Islam!

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke