Pribados teu wasa malih teu aya hak nyebat ka saha oge ku goreng patut, kokolot begog, bodo katotoloyoh, komo nyebat pikun mah. Upami pribados nyebat kasep,paling heunteu ieuteh ukuran umum kanggo pameget, kanggo bah willy kantun ngalengkepan we “Abah Willy nu kasep”,kanggo kang waluyo oge “Kang Waluya anu kasep” komo ditambihan “Kang Waluya anu kasep tur bageur” pan raos tah. Upami akang-akang, teteh-teteh para neter, ka abdi nyebat geulis, abdimah bungah pisan, ditampi pisan, bari ngado’a mugi-mugi pribados leres geulis pamenteuna, atuh sing langkung geulis hate pribados nya. Kang, teteh, ayeunateh warga sunda, wanoja jeung nonoman tos aya di saantero dunya, maranehna tos tiasa ngukur mana nu kurung batok, mana anu jembar.
Pribados oge sapagojod areng pamendak kang Ahmad nu kasep anu diposting didieu, yen urang teh kedah ati-ati menafsirkan ayat-ayat Al Qur'an. Intina teu aya parentah agama islam anu sesah, urang na we anu sok "nyusahkeun sorangan". Sakieu heula atuh ti pribados, bade neraskeun diajar deui basa sunda, rumaos masih keneh paburantak yeuh. Wass Ely. ----- Original Message ---- From: ahmad <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Sunday, December 3, 2006 7:45:42 PM Subject: [Urang Sunda] Re: kanggo kang Waluya!!! Aa Gym Ngawayuh yeuh... punten ah mairan sakedik panginten anu dimaksad kasep ku teh ely teh sanes abah Willy tapi kang waluya, margi anu ngeomentaran cukup peres babaran teh ely teh kang waluya. punten sakali deui ka kang waluya sanes bade mamatahan endog ka hayam atawa mamatahan ngojai ka meri teu pisan-pisan. manawi pamendak abdi sasama muslim boga kawajiban kudu silih nasehatan ka sasama muslim deui. kang waluya oge, abdi yakin kang waluya oge muslim margi ngadalilan pamendakna ku ayat al-Qur'an. namung sing atos-atos upami urang teu satuju kana hiji ayat atawa hiji hukum poma ulah make perasaan da islam mah sanes agama perasaan. komo kang waluya ieu mah ceuk kuring ayat ieu teh hartina kieu....agama islam mah lain agama kuring komo agama ceuk kuring lamun urang nafsiran ayat cek kuring atau teu satuju kana hiji hukum ceuk kuring berarti agama kang waluya teh sanes agama islam tapi agama "kuring" masalah budak belian atanapi nu sanesna tos dijawab ku teh ely tapi upami pamendakna kang waluya kitu, berarti kang waluya nyalahkeun kangjeng Rasul anu istrina langkung ti hiji. kang waluya oge nyalahkeun ka Abu Bakar RA anu istrina langkung ti hiji, Umar bin Khottob, Ustman bin Affan, Ali bin Abi Thalib sarng sahabat-sahabat anu sanesna anu umumna gaduhan garwa langkung ti hiji. kedah dibedakan antara teu satuju sareng teu sanggup. upama kang waluya teu sanggup ngawayuh poma ulah nyebatkeun teu satuju, sabab pengingkaran terhadap apa yang telah dihalalkan oleh agama merupakan bentuk penolakan terhadap ayat Allah. bisa-bisa pelakuna janten murtad alias kafir. abdi oge rumasa can kabedag ari kudu nyandung mah jaba ti indung budak can ridoeun badi oge can boga modal jeung can perlu dei hiji oge teu pati kagawean. da hese waktuna indit isuk balik peuting. di gawe teh 8 hari dina saminggu. eueweuh perena. tapi kuring mah teu anti polygami da dimenangkaeun dina agama alias dihalalkeun. lamun urang embung poly gami poma ulah ngatak ngatik ayat al-Qur'an anu jelas-jelas ngamenangkeun. cobi emutan, Fangkihu maa thaba lakum minannisaa masna wa tsualasa wa ruba'a. fangkihu ceuk para ahli bahasa eta teh filil amer anu hartina parentah. maenya hiji parentah artina ngalarang. cobi emutan deui naha eta ayat teh ujug-ujug "kawin ku maraneh awewe-awewe anu dipikasuka dua tilu atawa opat. teu hiji heula. ceuk para hali tafsir jeung bahasa. hartina asal muasal nikah teh kudu dua, tilu atawa opat. menang soteh nikah ngan ka hiji istri lamun teu sanggup adil ciga kuring. jadi dibere karinganan ku Allah. mangga ah ceuk kuring kitu oge hehehe ----- Original Message ----- From: waluya56 To: [EMAIL PROTECTED] ups.com Sent: Sunday, December 03, 2006 9:56 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Horseeehhhh. ...!!! Aa Gym Ngawayuh yeuh... . ____________________________________________________________________________________ Cheap talk? Check out Yahoo! Messenger's low PC-to-Phone call rates. http://voice.yahoo.com

