From: ahmad > komo kang waluya ieu mah ceuk kuring ayat ieu teh hartina kieu....agama > islam mah lain agama kuring komo agama ceuk > kuring lamun urang nafsiran ayat cek kuring atau teu satuju kana hiji > hukum ceuk kuring berarti agama kang waluya teh > sanes agama islam tapi agama "kuring"
WALUYA : Nuhun, nuhun pisan panggeuingna. Enya terus terang we kuring ngagem Agama Islam teh kulantaran turunan, warisan ti kolot. Duka lamun kuring dinasibkeun ku Gusti Allah dilahirkeun di Amerika atawa di kajeroan Irian mah, naha Islam atawa malah make koteka. Tah kulantaran warisan ti kolot, nu pesen ka kuring, warisan teh kudu dipusti-pusti, kaasup Ageman. Kang Ahmad anu bageur, aya nu kuring ngagebeg, eta vonis kang Akhamd ka kuring soal kuring agamana agama "kuring". Beu ........ pedah kuring beda pamandegan, langsung we dituduh murtad?. Ah sigana mah teu kudu kitu Kang Akhmad, pamahaman soal Islam teh rea pisan, kamari wae di Kusnet pan rame soal Sunni jeung Syiah. Kang, paling saeutik 5 kali dina sapoe urang maca Al Fatihah, nu salah sahiji ayatna kira-kira hartina kira-kira kieu :"tunjukkanlah kami jalan yang lurus". Doa Al Fatihah endah pisan, nunjukkeun manusa kudu boga sikep handap asor, ulah asa pangbenerna, sabab bebeneran nu mutlak mah ngan kagungan Gusti Allah. Tah umpama urang ngavonis ka batur murtad, pamandegan maneh salah, bakal asup ka naraka, kuring yeuh nu rek asup ka sawarga mah, keur naon kudu maca Al Fatihah sagala, ngado'a " tunjukkanlah kami jalan yang lurus", pan geus yakin bener, sanes ? [Hatur nuhun ka Ustadz Akhmad Chozim di millis sabeulah nu mere panyaang ka kuring soal inti tina Al Fatihah] Baktos, WALUYA

