Para wargi sa alam dunya, Digejeburkeun ku Kang Oman, Agustus-September
2005, sim kuring kaleresan ngiring Dhaurah Nasional Para Pengasuh Pasantren.
Sanes janten peserta, komo janten salah saurang pembicarana mah. Ukur janten
tukang motret, bari sakali-sakali mantuan nu nyaratet eta pajemuhan.
Pamendak sim kuring, eta acara teh kalintang saena. Sanes bae pedah diayakeun
di Cipanas, Tarogong, Garut, bari di tempat kiai nu (cenah) rada mahiwal, KH
Ahmad Thontowi Mussadad. Tapi, jejerna, nu keur sim kuring teu weleh aktual:
Ngahudangkeun (deui) etos kaelmuan para ulama pangasuh pondok. (Judul nu dines,
dina Basa Malayu, keur hilap). Ngeunaan eta acara, sim kuring pangangguran
ngadamel pangacaprukan. Wuwuhan euweuh gawe tea -- jeung geus bakat, sok sagala
dijieun pangacaprukan, dikomentaran. Dugi ka dalapan atanapi salapan
pangacaprukan. Nanging, nu kapuluk mun nu di handap ieu. Nu sanesna, kabeuleum
memori cardna. (Atanapi, boa-boa, Kang Oman kantos midamel
"laporan"nana?). Dialungkeun ka dieu teh, manawi bae aya nu iasa
ngalengkepan. Boh datana, boh "wacana" nu aya di dinya. (Kitu ge manawi aya eta
sakadang wacana teh. Boa-boa ieu pangacaprukan teh ngan ukur tumpukan hurup
jeung angka, nu ngotoran panon jeung minuhan bandwidth wungkul). Rumaos mung
ukur ngacapruk, bari ngandelkeun ingetan -- nu remen poho jeung salah. Ongkoh
lain ahlina. Intina mah: Mugia bae tepang sareng mangpaat. Amin.
Baktos, MGT =========================================================
Almanthiq al Aristi (Oleh-oleh ti Tarogong # 5)
Salah sahiji patanyaan nu, ceuk pamanggih kuring, pangalusna taya lian tinu
diajukeun ku peserta ti Lampung. Poho deui ngaranna mah. Ngan, ieu urang
Jember nu nyongcolang teh -- katingal, tina patanyaan-patanyaannna, loba maca
-- keur di Jawana aktif di LSM.
Sakuringeun, patanyaan manehna lain bae jadi mataholang naon nu diudag ku eta
daurah. Tapi, oge nyeukeutan: Ngahudangkeun (deui) etos kaulamaan (kaelmuan)
para ulama pangasuh pondok. (Nu engke ngahudangkeun hal sarupa di kalangan
santri jeung, tangtu bae, umat).
Ari patanyaannana, kawilang teu pira: Naha bener, (peradaban) Islam boga
hutang ka (peradaban) urang Barat, khususna ka sarjana jeung ahli-ahli falsafah
Yunani? Teuing nyungkun -- teuing nyindir peserta lian (atawa panitia pisan),
nu ulukutek dina perkara teknis atawa teu jauh tina kitab -- eta patanyaan
teh. Tapi, keur kuring mah: oke pisan.
Hanjakal, Ajengan -- nu harita jadi pembicara -- teu ngajawab eta patanyaan
nu mendasar. Karah hayoh, deui-deui, medar perluna sajarah jeung elmu sajarah
dina nafsir atawa ngembangkeun kaelmuan agama Islam. Teu beda dina ceramahna nu
eunggeus-eunggeus. Eta deui, eta deui. Kituna teh bari ukur mere garis badag
wungkul. Teu ngabejerbeaskeun kalayan rinci. Abong kiai ahli hikmah. (Cenah).
Mun teu inget tugas kuring harita ukur jadi tukang motret -- ongkoh rumasa
jalma "sekuler", engke hayoh ngadon dicariduhan ku nu aya -- hayang tah
ngarawel mikropon nu ngajegir di hareupeun eta majelis. Lain nanaon. Ceuk tadi
ge: Ieu patanyaan teh kawilang mendasar. (Bagian tina) mataholang ieu dhaurah.
Sabab, nya alatan pagilinggisik jeung falsafah atawa kaweruh ti sarjana-sarjana
Yunani eta, cenah, Islam jaya di buana teh.
Mun teu salah, ti jaman Abas Al Saffah, raja Abasiyah nu ka hiji, ulama-ulama
Islam geus nafakuran elmu-elmu nu jolna ti Yunani. Malah, saencan Islam jaya di
Persia ge, urang Persia teh geus boga hiji universitas. Asana mah ngaranna teh
Universitas Jundi Shapur. Diadegkeun ku Shapur, lulugu Bani Sassan.
Nya, di universitas eta tradisi ilmiah nu nyampak di "puncak-puncak"
peradaban nu aya harita digalo jadi tradisi ilmiah sarjana-sarjana Persia. Lian
ti Yunani, karya-karya ilmiah ti India, Cina, Yahudi (Ibrani), Suryani (Syria),
Romawi, oge didareres ku sarjana-sarjana Persia harita. Geus karuhan
karya-karya sarjana Persia sorangan mah.
Bisana urang Persia nepi ka "nalaktak" kitu teh teu ujug-ujug. Legegna mah,
teu a historis tea meureun. Aya sabab atawa aya titincakannana. Aya ayeuna aya
baheula: Jauh saencanna, Iskandar Zulkarnaen, abad ka 3 Masehi (?), waktu
ngajorag Asia nepi ka India, geus mitembeyan ku naon nu disebut Helenisme tea.
Pagalona Wetan jeung Kulon. Nya, ti harita para ulama jeung sarjana Persia
khususna, ulama Timur umumna (kaasup Mesir jeung India), geus wanoh jeung
kabudayaan Yunani-Romawi. Kaasup dina perkara kaelmuan.
Sanajan kitu, nu kacatet ku sajarah, hartina aya bukti bungkeuleukan,
mangrupa buku atawa dokumen tulis lianna -- bari kungsi kabaca atawa kadenge ku
kuring "dongengna" -- ceuyahna nawu elmu ti Yunani teh nya magsa Islam geus
manggung. Boh di Irak, Suryani, Iran, Spanyol, oge Mesir. Utamana, nya ti
mangsa Jaman Abasiyah tea.
Cenah, nya di Jaman Abasiyah ieu mucunghalna istilah almathiy alaristy jeung
mutsul alflathuniy teh. Istilah ka hiji jelas ngarujuk ka Kanjeng Aristoteles,
nu kadua ka Kanjeng Plato. Urang pada terang, cenah, kumna falsafah atawa
pipikiran nu mangkuk nepi ka kiwari teh, mun disederhanakeun, taya lian ti
"perang abadi" dua sarjana Yunani ieu. Ide versus materi -- lengkep jeung
varian-varianna.
Lian ti Plato jeung Aristoteles, sarjana-sarjana Yunani lianna nu karyana
diteuleuman, sakaligus ditarjamahkeun kana Basa Arab, ku sarjana-sarjana muslim
harita -- di antarana -- : Euclideus, Hypocrates, jeung Galenus. Demi ti India,
di antarana, mun teu salah, karya salah saurang sastrawanna: Baidaba. (Teuing
kapinanonna Shai Baba. Komo jeung Shahrukh Khan mah). Karya Baidaba nu
ditarjamahkeun teh taya lian ti Khalilah wa Dimnah, nu -- cenah deui bae (mun
teu ceuk Cak Nur, ceuk Abdul Hadi WM), ku ngaliwatan tarjamahannana dina Basa
Malayu, mere pangaruh kana falsafah kakuasaan nu diagem ku raja-raja Jawa jeung
Malayu. (Raja Sunda mah teu disebut-sebut, euy. Sumpah. Tapi, kaharti: Raja
Sunda mah sarakti. Teu kapangaruhan ku nu lian. Hehehe...).
Karya Baidaba eta oge, nu ditarjamahkeun kana Basa Arab ku Al Mustafa (teuing
naon lengkepna. Poho), nu engke mere pangaruh ka sawatara filosof Kulon
"modern". Di antarana, nu pangingetna: Francis Bacon! (Ngahaja make tanda seru.
Soalna, mun teu salah, Bacon teh jadi salah sahiji ikon penting dina buku Eco,
The Name of The Roses).
Balik deui kana perkara "hutang" urang ka urang Yunani tadi, nya ku alatan
pagilinggisik jeung elmu nu dikembangkeun ku maranehna, urang khususna, dunya
umumna, panggih jeung Al Kindi, Biruni, Alhazen, Kanjeng Imam Ghazali, Kanjeng
Ibnu Rusyd, oge sarjana-filosof nu nepi ka kiwari tetep "jumeneng" -- kagak ada
matinye : Kanjeng Ibnu Taimiyah!
Kumaha satemenna, jentreannana (?), pangaruh urang Yunani tadi kana pamendak
para ulama-ulama Islam? Oge naon nu dimaksud almathiy alaristy jeung mutsul
alflathuniy? Eta mah lain bagian kuring. Bagian nu leuwih ahli. Bagian ajengan
jeung kiai. Kuring mah ukur ngambeuan haseupna. Eta ge ti kajauhan. Teu
langsung tina durukan.
Ongkoh geus rek magrib. Rek ka cai heula. (Era atuh, euy. Geus ngilu "dhaurah
nasional", ari solat masih keneh loba bolongna. Emh, sorry pisan, My Lord.
Forgive me. Please!).
Babakan Madang, Desember 2005
Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
---------------------------------
Need a quick answer? Get one in minutes from people who know. Ask your question
on Yahoo! Answers.