wa'alaikum salam..
alhamdulillah. mugya sing lancar kang. ti awit angkat ka lemah suci dugi
engke mulih deui ka lemah cai. jadi haji mabrur saendeng-endeng.

uing,
gendudh

On 12/13/06, Akos Kosasih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Para wargi milis Kusnet sadayana,
dina poe Senen ping 18 Des minggu payun, sim kuring sareng pun bojo
insyaAllah bade angkat ka tanah suci kanggo ngajalankeun ibadah haji.
Kukituna, sim kuring sareng pun bojo nyunkeun pidu'a ti para wargi
sadayana sangkan ibadah haji anu baris dilakonan ku sim kuring oge pun
bojo dipaparinan haji anu mabrur.
Teu hilap, ka kadang wargi anu tos meh 3 taun ieu pagilinggisik boh
babakan maya oge dina sarupaning kopdar, kempelan, HBH jsb, sim kuring
nyunkeun pangampura boh bilih aya kecap anu teu ka tata atanapi laku
anu teu ukur.
Mangga urang silih duakeun, mugia Alloh ngahampura dosa urang sadaya.

Sakitu heula anu tiasa kapihatur,
Wassalam,

baktosna akos
 __
_,___




--
::daluanggebisatinabincurang::

Kirim email ke