--- In [email protected], Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Hapunten, nembe tiasa kawaler dinten ieu, jalaran dinten Saptu 
sareng Minggu kamari ngajoprak keuna ku muriang ditambih, beresin 
sareng batuk, namung alhamdulilah saparatos dicecer ku landong, tadi 
enjing tiasa maksakeun ngantor.

Alah tetela server di warnet nu itu mah remen ngacapruk. Ngawaleran 
deui posting si Apih ti mangkukna, dugi ka ayeuna teu aya. Punten, 
Apih.

Ieu janten asa dosa. Siga nu ngadamelkeun ka sepuh. Tapi, tos sehat 
deui, pan, Apih? Ulah kateterasan, ah. Pan, abdi masih seueur keneh 
taroskeun. Hehehe... Mugia sing damang saterasna, Apih. Amin.

Oge, salse bae, Pih. Teu kedah janten "dines". Hehehe... Dina 
istilah MJ mah da ieu mah sunah. Saur abdi mah heureuy enya, heueuh 
ongkoh. 

Perkawis "rurukan", kenging mulung ti urang Rancakalong, Sumedang. 
Nu kahartos ku abdi: Lembur atanapi kempelan bumi nu meh sa-RW-eun, 
upami di kota mah. Naha perkawis jarak -- hiji rurukan patebih 
sareng rurukan sanesna -- abdi teu paos. Teu tetelepek siga ayeuna, 
Pih. Hehehe...

Wangsul deui kana posting Apih, aya sawatara hal nu ku abdi bade 
ditaroskeun:

1. Dina posting Apih tadi, oge nu sateuacanna, nu pangheulana (upami 
teu lepat), Apih nyebat-nyebat perkawis panah sareng maen panah. 
Patarosan abdi: Kumaha prak-prakannana maen panah eta teh, Apih? 
Naha sapertos menak-menak Solo nu kantos katingali ku abdi: Bari 
sila. (Siga nu pangangguran. Hehehe...).

2. Masih ngeunaan panah, dina posting kamari, Apih nyebat "gondewa 
panah sareng paserna (aya 4 set upami teu lepat mah)". Sakaterang 
abdi, paser mah sanes kangge maen sumpit? (Jaman abdi budak 
mah, "paser"na tos digentos ku taneuh sareng...ciduh). Oge, naha eta 
janten kaulinan budak jaman Apih harita? Atanapi kamonesan sepuh? 
Hartosna, harita, masih aya keneh urang Sunda nu sok janten 
panyumpit? (Siga Aki Balangantrang dina komik Ciung Wanara -- abdi 
keur budak).

Eta bae heula, Apih. Hatur nuhun pisan kana walerannana.

Baktos,
Pun Maman

   







 


Kirim email ke