--- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> tapi aya katerangan duka timana,  ari Nabi Adam, Nuh mah sarebu 
> taun yuswana. dinosaurus sigana beh ditu deui. can aya jelema, 
> sigana. hartina,jaman dino nu siga jerapah tea, tangtu 
> tatangkalanana leuwih jangkung
> badag ti ayeuna, nya meureun siga nu di leuweung lindung amrik. 
> sabab beuheung panjang eta dina raraga evolusi tea.

Enya, kuring oge kungsi ngareungeu soal Nabi Adam sareng Nabi Nuh 
yuswana 1000 taun. Tapi nyaeta perkawis ieu, sigana perlu 
ditafsirkeun deui, naha leres 1000 taun. Tapi keun we eta mah, 
bagean ahli agama/tafsir. Da ari ningali buktos mah (jeung oge ku 
logika), jalma baheula tangtuna oge langkung rentan ku panyakit, 
tinimbang jalma ayeuna. Raheut saeutik wae, nu ayeuna mah gampang 
diubaran, baheula mah bisa keuna kuman (contona titanus) nu bisa 
mawa tepi ka maot. Kitu deui sabangsaning panyakit menular sejenna, 
siga pes, cacar jrrd ...

Perkawis vegetasi (tutuwuhan) sigana mah enya langkung baradag jeung 
jararangkung, tapi saleresna salian ti Dino nu badag, aya oge Dino 
anu leutik. Jadi tutuwuhan leutik oge pasti aya.

Ceuk cenah mah, geura taroskeun ka Kang Budhi atanapi Kang Oman, di 
jaman Dino mah, di dunya ieu teh ngan aya hiji wanua (benua), nu 
disebut "Gondwana". Dino hirup di wanua ieu. Wanua Gondwana ieu 
akhirna "peupeus", nya ngabentuk wanua-wanua saperti nu aya ayeuna.

Nu pangheula misah, sigana mah Australia, sabab di Australia sato 
aslina rada aneh, misah jeung sato nu aya di wanua sejen. Aslina di  
Australia teu aya mamalia (sato nu nyusuan). Sato didinya disebut 
marspulia (sato nu aya kantongan). Anjing Dingo nu aya di Australia, 
lain asli Australia. Cenah mah tadina anjing ti Indonesia nu geus 
didomestikeun (dipiara) ku jelema jaman baheula, terus dibabawa ka 
Australia. Di Australia anjing ieu jadi anjing leuweung deui. Beda 
jeung mamalia - nu boga species makhluk nu paling ngarusak di dunya, 
manusa - marspulia mah evolusina ngan ukur tepi ka sato-sato nu 
kapanggih ayeuna di Australia. 

Tina buktos-buktos eta oge, katingali teori2 soal kaayaan jaman 
baheula, kaasup Teori Evolusi Darwin, kuat pisan. Hese ngabantahna. 
Tapi nu aranna elmu pangaweruh, bisa wae diruntagkeun atawa 
dikoreksi. Pan ayeuna oge elmu Astronomi dikoreksi, Pluto 
dikaluarkeun sabage planet ka salapan, sabab cenah Pluto mah 
kaasup "Planet kerdil". "Planet kerdil" teh lain pluto wungkul, tapi 
aya dua deui (poho deui aranna mah) nu gedena kira-kira sagede Pluto.


Baktos,
WALUYA

Kirim email ke