--- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > beuki rentan ayeuna,bah. sabab beuki loba panyakit ayeuna mah. nu > baheula > teu aya, ayeuna mah aya. nu baheula aya, ayeuna teu aya, tos tiasa > dipaehan ku imunisasi, jsb.
Enya ari kituna mah. Ngan ayeuna mah, lamun aya panyakit teh, langsung diteangan ubarna atawa nyegahna. AID teu nerekab, kulantaran langsung kapanggih sabab-musababna, sanajan can aya ubarna oge. Salesma manuk oge kitu. Baheula? aya mummi nu kapnggih di Mesir, cenah umurna paling oge 20 taun, maotna? kamungkinan ku nyeri huntu! Nu dipikasieun ku kuring, justru di nagara urang AID jeung salesma manuk bisa nerekab, da diurang mah kasadaranana kurang. Contona AIDS, pan nerekab di Papua, nu jalmana acan samaju jiga di urang. Beuki maju budaya jalma, panyakit bisa dicegah atawa diubaran. Kunaon loba virus anyar? .....heuheuheu sakali deui Darwin nunjukkeun teorina teh ampir bener. Virus, mahluk hirup pangleutikna, bisa mutasi jadi virus anyar, nu sifatna beda jeung virus karuhunna. Virus nyaluyukeun diri kana lingkungan ...... Meureun ketah .. Baktos, WALUYA

