ari soal panyakit mah cek pangalaman, asa ripuh keneh jelema ayeuna. conto ari OS atawa ospek. kaayeunakeun sok aya beja peserta os dugi ka tiwasna. padahal asana panitia teu kejam jeung sadis jaman baheula. siga jaman bah Willy-tapi jaman harita mah asa teu kantos aya msiswa anyar peserta ospek nu dugi ka tiwas.
beuki rentan ayeuna,bah. sabab beuki loba panyakit ayeuna mah. nu baheula teu aya, ayeuna mah aya. nu baheula aya, ayeuna teu aya, tos tiasa dipaehan ku imunisasi, jsb. tah perkawis ubar, kolot baheula gaduh obat tradisional nu oge sawareh jadi jamu. raheut make antanan tea, ayeuna mah ku obat warung. kuduna elmu eta diwariskeun oge siga di cina. mj http://geocities.com/mangjamal > Enya, kuring oge kungsi ngareungeu soal Nabi Adam sareng Nabi Nuh > yuswana 1000 taun. Tapi nyaeta perkawis ieu, sigana perlu > ditafsirkeun deui, naha leres 1000 taun. Tapi keun we eta mah, > bagean ahli agama/tafsir. Da ari ningali buktos mah (jeung oge ku > logika), jalma baheula tangtuna oge langkung rentan ku panyakit, > tinimbang jalma ayeuna. Raheut saeutik wae, nu ayeuna mah gampang > diubaran, baheula mah bisa keuna kuman (contona titanus) nu bisa > mawa tepi ka maot. Kitu deui sabangsaning panyakit menular sejenna, > siga pes, cacar jrrd ... >

