--- In [email protected], "Yuliadi" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > wah upami guru mah, simkuring ngangkat two thumb lah. > kedahna pemerintah langkung perhatian ka profesi guru/tni/perawat.
PNS teh salah dina jenjang kapangkatanana, disaruakeun siga tantara. Cenah kapangkatan PNS ieu teh dijieun ku Soeharto di akhir taun 1960'an. Padahal pan isntansi teh tugasna beda-beda. Guru/Dosen nya ditempona tina profesionalismeuna lain disaragamkeun jeung pagawe pemda atawa instansi pajeg. Tuntungna jadi lucu, aya guru pangkatna geus Gol IV, tapi kamakmuranana jauh kurang dibanding jeung PNS ti instansi sejen nu Gol II. Guru kudu dipangkatan sabage guru, tukang tagih pajeg dipangkatan kuduna saluyu jeung profesina. Jenjang jeung kriteria pangkat teu kudu saragam, da fungsina ge beda-beda. Ari ieu saragam .... atuh puguh, jadi teu pararuguh. Pangkat nu teu pararuguh ieu teh mawa efek kamana-mana, salah sahijina .... matak mawa pagawe jadi males. Profesionalismeu di PNS oge disaruakeun jeung boga izasah atawa henteu. Padahal profesional teh, teu sarua jeung izasah sakola. PNS paheula-heula sakola nu leuwih luhur da supaya tereh naek pangkat, cul kana sikep profesional. Contona kieu, aya PNS, sakolana ukur SMEA, terus nyekel pembukuan. Ku pangalaman jeung sering ngiluan kursus, manehna ahli pisan dina pembukuan di kantorna. Tapi sanajan sakumaha ahlina ge, tetep we manehna teh kapangkatanana nuturkeun izasah sakola manehna. Bandingkeun jeung baturna, nu nuluykeun sakola, ....jeleger weh boga izasah S1. Pangkat baturna teh langsung ngajleng, ngaleuwihan babaturan nu prof ieu. Nu boga izasah S1, acan tangtu saprofesional nu teu boga izasah. AKhirna nu Prof ieu putus asa, asa teu dihargaan. Jadi males. Malesna "nular" ka yuniorna, jadi weh .... males kabeh. Jadi soal PNS, ceuk kuring mah, salah managemen ieu mah! Baktos, WALUYA

