di tempat kuring gawe mah, pagawe administrasi leuwih kawasa ti dosen ...
sabab lolobana pakait jeung nu diluhur. jadi ijazah teu pangaruh kana naekna
pangkat .. heu heu heu.

asup awal taun 1999, dikirim ku dikti (karyasiswa - sok ngaku baraya pak
dirjen, sabab asup ti jakarta .. hahaha), karek pra jabatan taun 2001 akhir
.. salila 2 taun leuwih CPNS .. he .. he ..he ..

loba lucuna, nilai angka kredit gumantung kana pangkat, beuki luhur
pangkatna beuki tereh meunangna, lain dumasar kana skala hasil panalungtikan
atawa publikasi, asal meunang tanda tangan disebut seminar kenaikan pangkat,
protes disebutna pembangkang ... ha ha ha

ayeuna, kakara deuk ngajukeun sangkan bisa terus ngelmu di dieu, tur aya nu
rek mangmayarkeun, geus disebut teu nasionalis .. hi hi hi

budhi
kurono kopo 241
- loba oge teu ngeunahna jadi PNS teh .. hi hi hi

On 12/14/06, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  --- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>,
"Yuliadi" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> wah upami guru mah, simkuring ngangkat two thumb lah.
> kedahna pemerintah langkung perhatian ka profesi guru/tni/perawat.

PNS teh salah dina jenjang kapangkatanana, disaruakeun siga tantara.
Cenah kapangkatan PNS ieu teh dijieun ku Soeharto di akhir taun
1960'an. Padahal pan isntansi teh tugasna beda-beda. Guru/Dosen nya
ditempona tina profesionalismeuna lain disaragamkeun jeung pagawe
pemda atawa instansi pajeg. Tuntungna jadi lucu, aya guru pangkatna
geus Gol IV, tapi kamakmuranana jauh kurang dibanding jeung PNS ti
instansi sejen nu Gol II. Guru kudu dipangkatan sabage guru, tukang
tagih pajeg dipangkatan kuduna saluyu jeung profesina. Jenjang jeung
kriteria pangkat teu kudu saragam, da fungsina ge beda-beda. Ari ieu
saragam .... atuh puguh, jadi teu pararuguh. Pangkat nu teu
pararuguh ieu teh mawa efek kamana-mana, salah sahijina .... matak
mawa pagawe jadi males.

Profesionalismeu di PNS oge disaruakeun jeung boga izasah atawa
henteu. Padahal profesional teh, teu sarua jeung izasah sakola. PNS
paheula-heula sakola nu leuwih luhur da supaya tereh naek pangkat,
cul kana sikep profesional. Contona kieu, aya PNS, sakolana ukur
SMEA, terus nyekel pembukuan. Ku pangalaman jeung sering ngiluan
kursus, manehna ahli pisan dina pembukuan di kantorna. Tapi sanajan
sakumaha ahlina ge, tetep we manehna teh kapangkatanana nuturkeun
izasah sakola manehna. Bandingkeun jeung baturna, nu nuluykeun
sakola, ....jeleger weh boga izasah S1. Pangkat baturna teh langsung
ngajleng, ngaleuwihan babaturan nu prof ieu. Nu boga izasah S1, acan
tangtu saprofesional nu teu boga izasah. AKhirna nu Prof ieu putus
asa, asa teu dihargaan. Jadi males. Malesna "nular" ka yuniorna,
jadi weh .... males kabeh.

Jadi soal PNS, ceuk kuring mah, salah managemen ieu mah!

Baktos,
WALUYA






--
budhi at urang-sunda dot or dot id

Kirim email ke