urang mah hampura ka irpan.. teu bisa males2 acan sms ti kang irpan..
diimah rumasa keu aya kabingung euy....
ayeuna oge kudu balik buru2 da'
beuki rieut cicing di jakartam teh
cigana 2007 mah uing arek mulang kandang we.. rek macul ah di lembur..
bae moal panggih deui meren jeung baraya kusnet...
iyeu karak rencana panungtung mun awal2 2007 masih keneh baluweng teu
manggih tungtung...
di jakarta teh asa cuangcieuk pisan kang euy.. komo ti tgl 24 des kamiri mah

jadi kieu

di pangumbaraan jauh ka indung kapabak
cuang cieung sorangan
lieuk deungeun lieuk lain jauh ka sintung kalapa
lieuk deungen lieuk lain jauh ka indung bapak
taya pisan pakumaha..

rek sasambat kasaha nyambaat,
rek menta tulung kasaha menta tulung iwal ti ka gusti nu maha suci

ahh.. nulis iyeu kalah beuki riet...
sakalian pamitan baraya....

waasalam
hapunten tina samudayaning kelepatan salami iyeu boh bilih aya basa nu
kirang mereneh... hampura pisan....

cag... keu urang panggih deui mun uing geus beughar...

eh kalanan.. jadi inget ceunah nu sok internetan teh panggangguaran
padahal mah pangangguran rek eureun internetan.. nya kuring soranga..
nganggur mah boro2 keur internetnan keur sahuap sakopkeun oge hese..

si ceu ely salah pisan euy.. (ceuk kuring) eh hampura ketang ceuk..

pamit nya sadayana....


On 12/26/06, irpan rispandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Heueuh siganamah, ngan kuring we sorangan.
> padahal geus make baju seragam, Teuneung Ludeung
> he..he..he..
>
> On 12/26/06, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >   hmmm...
> > resep jigana mah nya..
> > jadi teu panggih deui jeung urang Kusnet ni lian ?
> > Kang Irpan wungkul sorangan ?
> >
> > -dul-
> >
> > --- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>, "irpan
> > rispandi"
> >
> > <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > >
> > > Karek apal kuring mah,
> > > singhoreng teh Gubernur BI, Burhanudin Abdullah.
> > > Urang Garut geuning euy.
> > >
> > > 'ASGAR JAYA' !!!
> > > he..he..he...
> > >
> > > Kieu lalakon kuring nungkulan Silaturahmi Halal bihalal Bamus
> > Jabar.
> > > Acara ieu teh dilungguhan ku masarakat sunda ti jawa barat jeung
> > banten.
> > >
> > > Saenyana acara halal bihalal kieu teh mangrupakeun acara rutin
> > taunan, anu
> > > diayakeun ku masarakat sunda anu dumuk di Jakarta khususna, jeung
> > kota
> > > satelit sabudeureunana.
> > > Ari anu jadi panitiana nyaeta kumpulan-kumpulan atawa paguyuban-
> > paguyuban
> > > unggal wewengkon di tatar sunda.
> > > Lamun taun kamari, anu kapeto jadi panitia teh nyaeta urang
> > banten,
> > > ngaran paguyubanna poho deui. Tah lamun taun ieu (2006),
> > panitiana teh
> > > urang Garut, atawa ASGAR tea.
> > >
> > > 'Kusnet Kuuleun' tadina postingan kuring teh rek dijudulan kitu,
> > ngan teu
> > > jadi he..he..he... DIbandingkeun jeung acara HBH Kusnet, HBH bamus
> > jabar mah
> > > jauh leuwih alus (ngahaja meh nyerieun hatena urang kusnet
> > he..he..he..).
> > > (heureuy juragan he..he..he..)
> > >
> > > Arina kitu nya pantes, da geuning anu ngahadiran jeung ngarojong
> > acara eta
> > > teh, loba pangagung. Heueuh contona Gubernur BI pisan. Salian ti
> > eta aya
> > > deui anu jadi kepala departemen, pejabat teras di lingkungan TNI
> > jeung
> > > Polri, jrrd. Jadi siganamah urusan duit teh teu masalah. Matak
> > ngayakeun
> > > acarana oge kaitung 'Wah' ceuk kuring mah. Tempat acarana di
> > Bidakara hotel
> > > berbintang, MCna Aom Kusman, nu ngabodorna SOS juara API,
> > pintonannana,
> > > rampak kendang, pencak silat, jeung jaipongan. Door Prize-na TV
> > 21", HP,
> > > Kompor Gas, jsb.
> > >
> > > Barang datang, kuring ditarima ku pager ayu, bener-bener ayu, asli
> > gareulis
> > > uey. he..he..he..malah mah aya saurang anu dicirian ku kuring,
> > atuda
> > > mencrang euy. Komo basa manehna seuri mah, duh........ jajantung
> > asa coplok.
> > > Na hate kuring ngagerentes, mun seug jadi pamajikan aing,
> > dikekesek siah,
> > > moal di bere ampun.
> > >
> > > Acara dimimitian rada ngaret, kuduna jam sapuluh geus prung, ari
> > ieu jam
> > > sabelas karek dibuka. Ya biasa lah endonesia.
> > >
> > > Mimitina mah biasa, bubuka, basmalah, ngaji Qur'an, jeung sambutan-
> > sambutan.
> > > Tah dina palebah sambutan kuring kataji ku hiji hal. Anu ku kuring
> > ka catet
> > > teh nyaeta "MINORITY COMPLEX", anu ditepikeun ku Burhanudin
> > Abdullah. Ceuk
> > > manehna, Urang sunda mah hanteu ngabogaan panyakit minority
> > complex, atawa
> > > Nepotismeu tea geuningan. Jadi kajeun manehna geus ngabogaan
> > kalungguhan,
> > > tapi dina neangan jalma anu ngabantuan pagaweannana teh, estu
> > objektif,
> > > ningali kana kamampuhan jeung katerampilannana, hanteu ningali
> > kana asal
> > > jeung ras atawa sukuna.
> > > Numatak ceuk Gubernur BI, Urang sunda mah jadi pamatri, anu
> > ngajaga kautuhan
> > > NKRI, naon sababna, sabab hanteu nepotismeu tea.
> > >
> > > Beres sambutan, diteruskeun ku do'a. Rengse ngadoa doa, tuluy
> > hiburan.
> > > Hiburan teh dieusian ku rampak kendang, terus pencak silat barudak
> > jeung
> > > jaipongan. Kusabab acara HBH ieu padeudeukeut jeung hari ibu, anu
> > midang teh
> > > estu awewe kabeh. Anu rampak kendang, awewe. anu silat, awewe
> > najan barudak
> > > keneh oge, anu jaipongan mah geus tangtu awewe. pintonan hiburan
> > teh beuki
> > > diramekeun ku banyolan seger ti Aom Kusman, disela-sela acara anu
> > di MC ku
> > > manehna, Kang Aom nepikeun carita-carita lucu, anu pasti
> > diseungseurikeun ku
> > > para hadirin.
> > >
> > > Hanjakal pas SOS manggung, asa cawerang bobodoran na teh. Asa
> > resep keneh
> > > carita lucuna Aom Kusman. Tapi keun we lah teu nanaon, urang
> > hargaan, da
> > > maranehna teh geus usaha, kitu ceuk Kang Aom teh, sanggeus SOS
> > turun
> > > panggung.
> > >
> > > Sanggeus pintonan beres, saterusna dahar. Kadaharanana prasmanan,
> > menu-na
> > > sunda pisan. Ari kuring mah geus pasti ngancam sate kambing,
> > he..he..he..
> > > Keur khusu ngadahar sate, pirajeunan kuring rurat-reret kana meja-
> > meja anu
> > > ngajajar, euleuh itu geuning aya karesep kuring. Kulub Sampeu !
> > hanjakal
> > > euweuh gula beureum na. Atuh sanggeus Sate sampurna dina jero
> > beuteung,
> > > kuring ngukud kulub sampeu tilu keureut, misro dua, kulub cau
> > hiji, nginumna
> > > cendol bandung sagelas.
> > > Alhamdulillah, ngeunah euy. he..he..he..
> > >
> > > Rengse dahar kuring ka masjid heula, laporan ka Pangeran.
> > >
> > > Balik ti masjid, kuring ka ruang prasmanan deui, ngadon ngawadahan
> > melon.
> > > Bari ngadahar melon, nempo ka ruang utama, acara anu lumangsung
> > nyaeta Door
> > > Prize, anu meunang TV 21" teh urang depok, nu lian na mah teu pati
> > > merhatikeun.
> > >
> > > Sanggeus seubeuh barang dahar, kuring tuluy balik.
> > >
> > > Kitu tah baraya, lalakon kuring di Bidakara.
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > > On 12/26/06, Buyung <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > > >
> > > > ari saya mah hoyong uninga.....ari si jay aya hanteu????pan
> > asgar oge
> > > > ceunah heuheuheuheu
> > > >
> > > > by
> > > > keur siduru
> > > >
> > > >
> > > >
> > > > ----- Original Message -----
> > > > *From:* ndoell <[EMAIL PROTECTED]>
> > > > *To:* [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>
> > > > *Sent:* Tuesday, December 26, 2006 10:35 AM
> > > > *Subject:* [Urang Sunda] Gempungan di Bidakara
> > > >
> > > > Poe Minggu, jam 10 isuk HP kuring disada.
> > > > aya sms ti Kang Irpan nu ngabejakeun yen manehna geus
> > > > aya di Bidakara, nanyakeun ka kuring teh, rek indit moal
> > > > ka Bidakara.
> > > >
> > > > Di bales ku kuring teh, "Henteu Kang, keur buka lapak yeuh,
> > > > dongengna we diposting nya!"
> > > >
> > > > Tah, ka anu ngaluuhan acara di Bidakara dinten Minggon
> > > > kamari, cik diantos dongengna..
> > > >
> > > > -dul-
> > > >
> > > >
> > >
> >
> >
> >
>
>


-- 
----------------------------------------------------------------------
AGUS PAKUSARAKAN
 08128377662
www.hr-uwj.com (mangga geura deu2l dulur urang rek manggung
----------------------------------------------------------------------
Koperias Amanah Sunda
www.inkas.wordpress.com
www.azzoman.wordpress.com
www.azzoman.indonetwork.co.id
www.indonetwork.co.id/azzoman
---------------------------------------------------------------------
http://aguspakusarakan.blogspot.com/
http://geocities.com/prabu_siliwangi
http://geocities.com/lodaya_9
http://siliwangi.blogs.friendster.com

Kirim email ke