Kang Agus.. Hirup mah memang perjuangan. Hirup urang aya dina dampal leungeun urang sorangan. Teu kudu gumantung ka batur, komo Komo deui kudu nyasalah batur mah.
Kuring ge sarua, ripuh.. Komo kuring mah rumasa teu sakola-sakola luhur acan. Tapi sagala ge ku gede kahayang. Sagala ge lain ku langsung ngeunah. Peurihna hirup, komo di Jakarta lain caritakeuneun deui. Kade Kang, tong loba teuing nempo ka luhur, bisi tisoledat tong deui nempo wae ka handap, bisi tidagor ceuk si Cepot mah pan.. dimana-mana urang manggih jalan nanjak, urang teu kudu rumahuh tapi kudu bungah, kusabab satutasna jalan nanjak, pasti bakal manggih jalan nu mudun.. -dul- --- In [email protected], "Agus K \"PAKUSARAKAN\"" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > ah.. luas we kang na make jeung teu luas... sugan jeng sugan ari > dilembur sorangan mah.. mun labuh aya nu nulungan da' geuning di > jakarta mah.. tikosewad oge kalah di seungseurikeun... majar ceunah > "hudang atuh.. pan geus gede silaing teh.. naha teu bisa hudang > sorangan mun ti kosewad,..... ceuk kuring bujeng2 bisa hudang nu aya > mah tuur nyorocod, suku linu siar lungleng.. aya nu nulungan oge ukur > ngalungkeun sangu sa piring > pan nu dipikabutuh kunu labuh mah sanes tuangeun.. tapi iteuk jeung > panyangkeh.. > > lain kacida deui kang keur kuring sorangan mah ngomong mun ningali > hasil "dibidakara yeun urang sundah mah teu nepotisme, cing kuring mun > kitu nepi ka iraha oge urang sunda baris katinggalkeun paling aya nu > naek ukur sosoranganan... tah sangkeh... nu labuh.. ulah di antep > ceunah hudang sorangan... da' di jakarta mah sanes di jkt wae di > indonesia mah... > ah kang satadina mah keun we rieut mah urusan abdi nyalira.. nya eta > tea.. sok sanajan tigebrus nya rek nyobaan hudang sorangan da' teu aya > dulur keur di penta tulung teag, ari ngadege hasil gempungan urang > sunda di bidaraka nya kuring asa beukti jadi nyorangan pisan hirup di > jakarta, eh teu sorangan ketang tiluan jeung anak pamajikan.. > > Cikan > > pedaranana naon anu tiasa didadarkeun keur eunteung dulur-dulur utamana anu > > ngumbara di kota? > > kahariwang kuring bener ceuk teh elly tea.. lila mah isuk jaganing > geto.. bujeng2 ning basa sunda sok sanajan US na oge baris ukur > ngaran.. naon sababna.. oan US na masing-masing tea.. atawa kelompok > jeung kelompok... sok geura tong jauh2 nu apal aya asgar jaya teh.. > maol loba.. kuring nanya ka tukang cukur jeng tukang sol mah teu > apaleun.. tah di bidakara oge atuh nu tukang cukur jeung tukang sol > oge tukang jualan dompet bari lempang ti blok m nepi ka senen mah teu > di ulem, > jadi nya kitu.. ulah di salahkeun US sunda mun sunda leungit tapi > salahkeun para gegeden sunda sapertos Gubernur BI jeung nu sanesna... > > engke ti teruskan.. lah insya allah nepi ka isuk masih bisa online... > mun teu aya perobahan tgl 10 an kuring ka garut... > > > Agus Pakusarakan arek tilem.... >

