On 12/28/06, Agus K PAKUSARAKAN <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> ah.. luas we kang na make jeung teu luas... sugan jeng sugan ari
> dilembur sorangan mah.. mun labuh aya nu nulungan da' geuning di
> jakarta mah.. tikosewad oge kalah di seungseurikeun... majar ceunah
> "hudang atuh.. pan geus gede silaing teh.. naha teu bisa hudang
> sorangan mun ti kosewad,..... ceuk kuring bujeng2 bisa hudang nu aya
> mah tuur nyorocod, suku linu siar lungleng.. aya nu nulungan oge ukur
> ngalungkeun sangu sa piring
> pan nu dipikabutuh kunu labuh mah sanes tuangeun.. tapi iteuk jeung
> panyangkeh..

===> Ceuk cenah, hirup anu hade mah jadi purah tutulung ka papada nu
lian. Sakurang-kurangna henteu aral subaha nalika nandangan balangsak.
Muga-muga wae atuh kang Agus di lembur jadi gunung pananggeuhan warga
lembur.

> lain kacida deui kang keur kuring sorangan mah ngomong mun ningali
> hasil "dibidakara yeun urang sundah mah teu nepotisme, cing kuring mun
> kitu nepi ka iraha oge urang sunda baris katinggalkeun paling aya nu
> naek ukur sosoranganan... tah sangkeh... nu labuh.. ulah di antep
> ceunah hudang sorangan... da' di jakarta mah sanes di jkt wae di
> indonesia mah... hayang menang tender oge kudu aya deking anu di
> pikaserab ku panitian pangadaan iyeu pangalaman kuring salami sok
> miluan tender sistem informasi, ngarasa kuring menang tender nya
> kitu.. rek temenang kumah ada' samemeh tender pagawean mah geus di
> gawean sawareh.. malahan nu nyieun kriteria perusahaan tender na oge
> pan kuring2 kenah.. nya pasti nu menang teh kuring.. tah iyeu lumaku
> di sakabeh parusahaan pamarentah teuing di swasta da' ncan miluan..
> conto nu haneut tender GTZ di banca aceh.. nu menang teh nya nu jadi
> konsultanna.. sanes perusahaan sanes kitu.... tah kang...

===> Asana lamun yakin mah bisa urang hirup teu make jalan nepotisme.
Nya ari kabawa ku sistem mah kuang kumaha, ngan sabisa-bisa nepotisme
teh lain karana kahayang urang.

Wah Kang Agus buka kartu euy....:) Kumaha ari lalakon tender GTZ teh?
Sigana rame lamun diguar.

> ah kang satadina mah keun we rieut mah urusan abdi nyalira.. nya eta
> tea.. sok sanajan tigebrus nya rek nyobaan hudang sorangan da' teu aya
> dulur keur di penta tulung teag, ari ngadege hasil gempungan urang
> sunda di bidaraka nya kuring asa beukti jadi nyorangan pisan hirup di
> jakarta, eh teu sorangan ketang tiluan jeung anak pamajikan..

===> Na gumantung teuing ka hasil bidakara, Kang? Barina oge, taksiran
kuring, naon anu dipadungdengkeun dina pajemuhan sarupa kitu, biasana
karek simet wacana...can langsung ngabadamikeun lengkah-lengkah
prak-prakanana. Cikan guar atuh hasil bidakara teh? Naha enya sakabeh
hasilna matak pesimis sakumaha katarima ku Kang Agus?

> kahariwang kuring bener ceuk teh elly tea.. lila mah isuk jaganing
> geto.. bujeng2 ning basa sunda sok sanajan US na oge baris ukur
> ngaran.. naon sababna.. oan US na masing-masing tea.. atawa kelompok
> jeung kelompok... sok geura tong jauh2 nu apal aya asgar jaya teh..
> maol loba.. kuring nanya ka tukang cukur jeng tukang sol mah teu
> apaleun.. tah di bidakara oge atuh nu tukang cukur jeung tukang sol
> oge tukang jualan dompet bari lempang ti blok m nepi ka senen mah teu
> di ulem, > jadi nya kitu.. ulah di salahkeun US sunda mun sunda leungit tapi
> salahkeun para gegeden sunda sapertos Gubernur BI jeung nu sanesna...

====> Ari Teh Elly mah sigana geus koredas nepi ka kayakinanana. Ari
cecekelan hirup teh pan aya 3: kayakinan, bebeneran, jeung fakta.
Fakta eta bahan keur nyusun strategi jeung lengkah-lengkah. Sangkan
eta strategi jeung lengkah-lengkah hasil di jerona kudu ngandung
bebeneran anu urang yakin. Lamun geus ilang kayakinan, hartina teu aya
bebeneran anu dicekel, hartina, fakta anu ditarimana ukur fakta anu
negatifna wae.

Na ngandelkeun teuing gegeden Kang? apan urang boga anu ngarojong anu
sakitu satiana: rahayat anu loba. Insya Alloh, lamun satiap lengkah
teh diluyukeun jeung naon anu jadi angen-angen sarta dina raraga
melaan rahayat, asana moal ngarasa keueung sanajan ngalengkah
sosoranganan oge. Sigana kacamata urang kudu mimiti digeser, ulah ukur
tanggah ka sadapan, tapi kudu oge tunggkul ka jukut.

> engke ti teruskan.. lah insya allah nepi ka isuk masih bisa online...
> mun teu aya perobahan tgl 10 an kuring ka garut...
>
> Agus Pakusarakan arek tilem....
>
===> mangga diantos. Nuhun Kang.

baktosna,
manAR


> >
> >
> > On 12/27/06, Agus K PAKUSARAKAN <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > >
> > > urang mah hampura ka irpan.. teu bisa males2 acan sms ti kang irpan..
> > > diimah rumasa keu aya kabingung euy....
> > > ayeuna oge kudu balik buru2 da'
> > > beuki rieut cicing di jakartam teh
> > > cigana 2007 mah uing arek mulang kandang we.. rek macul ah di lembur..
> > > bae moal panggih deui meren jeung baraya kusnet...
> > > iyeu karak rencana panungtung mun awal2 2007 masih keneh baluweng teu
> > > manggih tungtung...
> > > di jakarta teh asa cuangcieuk pisan kang euy.. komo ti tgl 24 des kamiri
> > > mah
> > >
> > > jadi kieu
> > >
> > > di pangumbaraan jauh ka indung kapabak
> > > cuang cieung sorangan
> > > lieuk deungeun lieuk lain jauh ka sintung kalapa
> > > lieuk deungen lieuk lain jauh ka indung bapak
> > > taya pisan pakumaha..
> > >
> > > rek sasambat kasaha nyambaat,
> > > rek menta tulung kasaha menta tulung iwal ti ka gusti nu maha suci
> > >
> > > ahh.. nulis iyeu kalah beuki riet...
> > > sakalian pamitan baraya....
> > >
> > > waasalam
> > > hapunten tina samudayaning kelepatan salami iyeu boh bilih aya basa nu
> > > kirang mereneh... hampura pisan....
> > >
> > > cag... keu urang panggih deui mun uing geus beughar...
> > >
> > > eh kalanan.. jadi inget ceunah nu sok internetan teh panggangguaran
> > > padahal mah pangangguran rek eureun internetan.. nya kuring soranga..
> > > nganggur mah boro2 keur internetnan keur sahuap sakopkeun oge hese..
> > >
> > > si ceu ely salah pisan euy.. (ceuk kuring) eh hampura ketang ceuk..
> > >
> > > pamit nya sadayana....
> > >
> > > On 12/26/06, irpan rispandi
> > <[EMAIL PROTECTED]<mr.rispandi%40gmail.com>>
> > > wrote:
> > > > Heueuh siganamah, ngan kuring we sorangan.
> > > > padahal geus make baju seragam, Teuneung Ludeung
> > > > he..he..he..
> > > >
> > > > On 12/26/06, ndoell <[EMAIL PROTECTED] <ndoell%40yahoo.com>> wrote:
> > > > >
> > > > > hmmm...
> > > > > resep jigana mah nya..
> > > > > jadi teu panggih deui jeung urang Kusnet ni lian ?
> > > > > Kang Irpan wungkul sorangan ?
> > > > >
> > > > > -dul-
> > > > >
> > > > > --- In [email protected]
> > <urangsunda%40yahoogroups.com><urangsunda%40yahoogroups.com>, "irpan
>
> > > > > rispandi"
> > > > >
> > > > > <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > > > > >
> > > > > > Karek apal kuring mah,
> > > > > > singhoreng teh Gubernur BI, Burhanudin Abdullah.
> > > > > > Urang Garut geuning euy.
> > > > > >
> > > > > > 'ASGAR JAYA' !!!
> > > > > > he..he..he...
> > > > > >
> > > > > > Kieu lalakon kuring nungkulan Silaturahmi Halal bihalal Bamus
> > > > > Jabar.
> > > > > > Acara ieu teh dilungguhan ku masarakat sunda ti jawa barat jeung
> > > > > banten.
> > > > > >
> > > > > > Saenyana acara halal bihalal kieu teh mangrupakeun acara rutin
> > > > > taunan, anu
> > > > > > diayakeun ku masarakat sunda anu dumuk di Jakarta khususna, jeung
> > > > > kota
> > > > > > satelit sabudeureunana.
> > > > > > Ari anu jadi panitiana nyaeta kumpulan-kumpulan atawa paguyuban-
> > > > > paguyuban
> > > > > > unggal wewengkon di tatar sunda.
> > > > > > Lamun taun kamari, anu kapeto jadi panitia teh nyaeta urang
> > > > > banten,
> > > > > > ngaran paguyubanna poho deui. Tah lamun taun ieu (2006),
> > > > > panitiana teh
> > > > > > urang Garut, atawa ASGAR tea.
> > > > > >
> > > > > > 'Kusnet Kuuleun' tadina postingan kuring teh rek dijudulan kitu,
> > > > > ngan teu
> > > > > > jadi he..he..he... DIbandingkeun jeung acara HBH Kusnet, HBH bamus
> > > > > jabar mah
> > > > > > jauh leuwih alus (ngahaja meh nyerieun hatena urang kusnet
> > > > > he..he..he..).
> > > > > > (heureuy juragan he..he..he..)
> > > > > >
> > > > > > Arina kitu nya pantes, da geuning anu ngahadiran jeung ngarojong
> > > > > acara eta
> > > > > > teh, loba pangagung. Heueuh contona Gubernur BI pisan. Salian ti
> > > > > eta aya
> > > > > > deui anu jadi kepala departemen, pejabat teras di lingkungan TNI
> > > > > jeung
> > > > > > Polri, jrrd. Jadi siganamah urusan duit teh teu masalah. Matak
> > > > > ngayakeun
> > > > > > acarana oge kaitung 'Wah' ceuk kuring mah. Tempat acarana di
> > > > > Bidakara hotel
> > > > > > berbintang, MCna Aom Kusman, nu ngabodorna SOS juara API,
> > > > > pintonannana,
> > > > > > rampak kendang, pencak silat, jeung jaipongan. Door Prize-na TV
> > > > > 21", HP,
> > > > > > Kompor Gas, jsb.
> > > > > >
> > > > > > Barang datang, kuring ditarima ku pager ayu, bener-bener ayu, asli
> > > > > gareulis
> > > > > > uey. he..he..he..malah mah aya saurang anu dicirian ku kuring,
> > > > > atuda
> > > > > > mencrang euy. Komo basa manehna seuri mah, duh........ jajantung
> > > > > asa coplok.
> > > > > > Na hate kuring ngagerentes, mun seug jadi pamajikan aing,
> > > > > dikekesek siah,
> > > > > > moal di bere ampun.
> > > > > >
> > > > > > Acara dimimitian rada ngaret, kuduna jam sapuluh geus prung, ari
> > > > > ieu jam
> > > > > > sabelas karek dibuka. Ya biasa lah endonesia.
> > > > > >
> > > > > > Mimitina mah biasa, bubuka, basmalah, ngaji Qur'an, jeung sambutan-
> > > > > sambutan.
> > > > > > Tah dina palebah sambutan kuring kataji ku hiji hal. Anu ku kuring
> > > > > ka catet
> > > > > > teh nyaeta "MINORITY COMPLEX", anu ditepikeun ku Burhanudin
> > > > > Abdullah. Ceuk
> > > > > > manehna, Urang sunda mah hanteu ngabogaan panyakit minority
> > > > > complex, atawa
> > > > > > Nepotismeu tea geuningan. Jadi kajeun manehna geus ngabogaan
> > > > > kalungguhan,
> > > > > > tapi dina neangan jalma anu ngabantuan pagaweannana teh, estu
> > > > > objektif,
> > > > > > ningali kana kamampuhan jeung katerampilannana, hanteu ningali
> > > > > kana asal
> > > > > > jeung ras atawa sukuna.
> > > > > > Numatak ceuk Gubernur BI, Urang sunda mah jadi pamatri, anu
> > > > > ngajaga kautuhan
> > > > > > NKRI, naon sababna, sabab hanteu nepotismeu tea.
> > > > > >
> > > > > > Beres sambutan, diteruskeun ku do'a. Rengse ngadoa doa, tuluy
> > > > > hiburan.
> > > > > > Hiburan teh dieusian ku rampak kendang, terus pencak silat barudak
> > > > > jeung
> > > > > > jaipongan. Kusabab acara HBH ieu padeudeukeut jeung hari ibu, anu
> > > > > midang teh
> > > > > > estu awewe kabeh. Anu rampak kendang, awewe. anu silat, awewe
> > > > > najan barudak
> > > > > > keneh oge, anu jaipongan mah geus tangtu awewe. pintonan hiburan
> > > > > teh beuki
> > > > > > diramekeun ku banyolan seger ti Aom Kusman, disela-sela acara anu
> > > > > di MC ku
> > > > > > manehna, Kang Aom nepikeun carita-carita lucu, anu pasti
> > > > > diseungseurikeun ku
> > > > > > para hadirin.
> > > > > >
> > > > > > Hanjakal pas SOS manggung, asa cawerang bobodoran na teh. Asa
> > > > > resep keneh
> > > > > > carita lucuna Aom Kusman. Tapi keun we lah teu nanaon, urang
> > > > > hargaan, da
> > > > > > maranehna teh geus usaha, kitu ceuk Kang Aom teh, sanggeus SOS
> > > > > turun
> > > > > > panggung.
> > > > > >
> > > > > > Sanggeus pintonan beres, saterusna dahar. Kadaharanana prasmanan,
> > > > > menu-na
> > > > > > sunda pisan. Ari kuring mah geus pasti ngancam sate kambing,
> > > > > he..he..he..
> > > > > > Keur khusu ngadahar sate, pirajeunan kuring rurat-reret kana meja-
> > > > > meja anu
> > > > > > ngajajar, euleuh itu geuning aya karesep kuring. Kulub Sampeu !
> > > > > hanjakal
> > > > > > euweuh gula beureum na. Atuh sanggeus Sate sampurna dina jero
> > > > > beuteung,
> > > > > > kuring ngukud kulub sampeu tilu keureut, misro dua, kulub cau
> > > > > hiji, nginumna
> > > > > > cendol bandung sagelas.
> > > > > > Alhamdulillah, ngeunah euy. he..he..he..
> > > > > >
> > > > > > Rengse dahar kuring ka masjid heula, laporan ka Pangeran.
> > > > > >
> > > > > > Balik ti masjid, kuring ka ruang prasmanan deui, ngadon ngawadahan
> > > > > melon.
> > > > > > Bari ngadahar melon, nempo ka ruang utama, acara anu lumangsung
> > > > > nyaeta Door
> > > > > > Prize, anu meunang TV 21" teh urang depok, nu lian na mah teu pati
> > > > > > merhatikeun.
> > > > > >
> > > > > > Sanggeus seubeuh barang dahar, kuring tuluy balik.
> > > > > >
> > > > > > Kitu tah baraya, lalakon kuring di Bidakara.
> > > > > >
> > > > > >
> > > > > >
> > > > > >
> > > > > >
> > > > > >
> > > > > > On 12/26/06, Buyung <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > > > > > >
> > > > > > > ari saya mah hoyong uninga.....ari si jay aya hanteu????pan
> > > > > asgar oge
> > > > > > > ceunah heuheuheuheu
> > > > > > >
> > > > > > > by
> > > > > > > keur siduru
> > > > > > >
> > > > > > >
> > > > > > >
> > > > > > > ----- Original Message -----
> > > > > > > *From:* ndoell <[EMAIL PROTECTED]>
> > > > > > > *To:* [email protected]
>
> > <urangsunda%40yahoogroups.com><urangsunda%40yahoogroups.com>
> > > > > > > *Sent:* Tuesday, December 26, 2006 10:35 AM
> > > > > > > *Subject:* [Urang Sunda] Gempungan di Bidakara
> > > > > > >
> > > > > > > Poe Minggu, jam 10 isuk HP kuring disada.
> > > > > > > aya sms ti Kang Irpan nu ngabejakeun yen manehna geus
> > > > > > > aya di Bidakara, nanyakeun ka kuring teh, rek indit moal
> > > > > > > ka Bidakara.
> > > > > > >
> > > > > > > Di bales ku kuring teh, "Henteu Kang, keur buka lapak yeuh,
> > > > > > > dongengna we diposting nya!"
> > > > > > >
> > > > > > > Tah, ka anu ngaluuhan acara di Bidakara dinten Minggon
> > > > > > > kamari, cik diantos dongengna..
> > > > > > >
> > > > > > > -dul-
> > > > > > >
> > > > > > >
> > > > > >
> > > > >
> > > > >
> > > > >
> > > >
> > > >
> > >
> > > --
> > > ----------------------------------------------------------
> > > AGUS PAKUSARAKAN
> > > 08128377662
> > > www.hr-uwj.com (mangga geura deu2l dulur urang rek manggung
> > > ----------------------------------------------------------
> > > Koperias Amanah Sunda
> > > www.inkas.wordpress.com
> > > www.azzoman.wordpress.com
> > > www.azzoman.indonetwork.co.id
> > > www.indonetwork.co.id/azzoman
> > > ----------------------------------------------------------
> > > http://aguspakusarakan.blogspot.com/
> > > http://geocities.com/prabu_siliwangi
> > > http://geocities.com/lodaya_9
> > > http://siliwangi.blogs.friendster.com
> > >
> > >
> >
> >
>
> --
> ----------------------------------------------------------
> AGUS PAKUSARAKAN
> 08128377662
> www.hr-uwj.com (mangga geura deu2l dulur urang rek manggung
> ----------------------------------------------------------
> Koperias Amanah Sunda
> www.inkas.wordpress.com
> www.azzoman.wordpress.com
> www.azzoman.indonetwork.co.id
> www.indonetwork.co.id/azzoman
> ----------------------------------------------------------
> http://aguspakusarakan.blogspot.com/
> http://geocities.com/prabu_siliwangi
> http://geocities.com/lodaya_9
> http://siliwangi.blogs.friendster.com
>
>
> 

Kirim email ke