Gaya postingan teh Ely jeung kang Irfan asana mibanda tipikal anu sarua. Jejer ngeusi, analisa eh sawangan kuat. Ti mimiti kuring geus boga gerentes, tah nu kieu yeuh nu ayeuna dibutuhkeun ku bangsa urang teh. Teuneung ludeung leber wawanen suda karempan. Teu regrog najan pada ngarentogan. Teu gimir mawa gagasan mahiwal beda jeung umum.
Asli, uing reueus najan ukur nyerangkeun bari ngahariring, "dia yang disana.... berani tampil beda" kawih kameumeut mangsa rumaja. Nalika mimiti derna repormasi kuring biluk ka Budiman Sujatmiko saparakanca alatan ku kareueus model kitu. Tapi kareueus eta pupus da geuning KKO. Kalahka omong.
Ari bangsa urang. lah nya kitu tea, tong boro diajak perang, diajak lari 2
km oge tangtu ngajurahroh geura. kalahka beuteung we gararendut. Ngarampa kalaipan awak sorangan, asana teu kudu bari tanggah teuing mikaserab deungeun bari nyacampah awak sorangan. Ceuk saha bangsa urang -bangsa,lain skala individu- moyodok? Bodo jeung elehan bisa mibanda harti anu relatip. Bangsa Irak ge baheulana kungsi jadi puseur peradaban dunya. Berarti lain ngan ukur kuat pisikna wungkul. Kolot2 uing baheula wanian perang komo gelut. Ti mimita bebengok walanda jepun nepi ka mangsana guyub pager bitis. Kuring sorangan, udud ti mimiti kelas hiji smp nepi ka ayeuna. Indit sakola bari melenyun. Balik sakola bari melenyun deuih. Tengah poe ereng2an latihan lumpat -sepor minangkana mah- ti hareupeun imah nepi ka parapatan sarkanjut lemburna kang MH. Nanjak mudun bulak balik teu eureun leuwih ti sapuluh kilo. Rute Cibiuk 10-K. Bangsa uing -tukang beca tukang udud- ayeuna ge kuat keneh sigana. Ceuk kuring, serab ku batur bari ngutruk awak sorangan moal jadi ubar. Ukur jadi tamba. Tamba kawaranan, tamba elekesekeng. Cag heula ah, bisi pajarkeun Garut sentris. Geus opatan anu mairan garut kabeh. Garut, bisi teh Ey hilap kungsi dilandih Parijs van Java. Matak geuning kacida endahna ceuk si teteh geulis oge. baktos, Teja ::pajabat nu teu kudu korupsi kadar keur nga-net. Loba duit ieuh, ngamodal we da moal meakkeun jatah udud::

