>>ceuk saha eta teh jang??

Ngiring mangjawabkeun ah. Karunya pada nyepetan wae. Kang elly teh 
baheula mah nyobat pisan jeung uing.Landihanna teh mun teu salah mah 
si evoth. Nyobat dalit, najan mindeng hog hag tapi tara nepi ka jadi 
pacengkadan. Si eta mah najan pada nyebut eumeur ge da tara cudekan. 
Disarebutna ge si wajah rambo hate rinto tea. Goreng beungeut goreng 
ucap tapi hatena mah soleh. Sakumaha keur samutut-bangkenu-murukusunu, 
acungkeun dua ramo we bari ngagorowok,"Peace..voth", si eta sok terus 
ngalendean deui.

Balik deui kana panaros wa siddik, hujah kang evot pasti kieu : "Lain 
ceuk beja ieu mah, teu nginjeum ceuli teu nginjeum panon. Daek medu, 
estu ceuk dulurna babaturan tatangga kuring nu boga kenalan kungsi 
nyaba ka korea.

Peace....voth,

Teja

Kirim email ke