Punten, ngiring mairan... tamba ngalamun bae ieu mah, sabot nungguan hasil pamariksaan salesma hayam...
Kang Ely, ari urang tulas-tulis atawa cacarita teh pan kadang sok make rujukan. Jadi, maksud 'Kang Siddik' nanya kitu teh lain kusabab nempo Kang Ely anu lain sasaha, lain inohong atawa gegeden anu 'kudu' didenge atawa dipercaya omonganana, tapi justru nanyakeun rujukanana. Ti mana Kang Ely bisa nyarita yen para pamuda Korea garetol tani? Bilih wae teu acan uninga, 'Kang Siddik' anu naros teh tos puluhan taun ngumbara di Korea, jadi tangtu apal kahirupan sapopoe masarakat Korea. Kituwww... Atuh da bongan, meh bae sakabeh warga milis ieu teu nyaho naon kasang tukang Kang Ely, dalah pamatuhanana di mana ge euweuh nu nyaho... Sabalikna ti eta, oge Kang Ely sigana teu apal ka saha2 anu ijigimbrang-ajagambring hog-hag padungdengan jeung salira di ieu milis. Ketang, ari sabulangbentor onaman, teu kudu ieuh make aturan... Tapi da ketang, tulisan salira di ieu milis mah geuning eusina daria. Kang Bohay ge nepi ka ngahuleng tujuh poe tujuh peuting... mikiran postingan salira teh... heuheu... Peace ah, Kang Boh... Bener, urang ulah pati teuing nempo figur saha anu nyarita, tapi si saha teh penting oge dipikanyaho, ulah nepi ka ninggang kana babasan mamatahan ngojay ka meri, ngawulang hiber ka laleur. Tulas-tulis ilmiah atawa dina kalawarta biasa oge pan, urang teu bisa sagawayah, sabab sakuduna mah luyu jeung kamaheran alias kompetensina sewang2an. Kitu teh bisi bae ka hareupna aya nu malik nanya kana sagala ucapan/tulisan urang. Kituwww... (deui). On 1/13/07, ely evalita < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
Punten akang anu bageur, cobi ti ayeuna diajar nalar, regepkeun. "JANGAN LIHAT SIAPA YANG BICARA TETAPI LIHAT ISI PEMBICARAAN DAN MANFAAT SERTA MAKSUD DARI MATERI PEMBICARAAN". Tah upami akang menganut konsep ----- ceuk saha ----, ieu bakal ngabalukarkeun akang katipu ku figure, hartosna Omongan orang terkenal anu geus teu waras atawa pikun bakal dianggap bener ku akang.......... punten kangnya.
<http://www.urang-sunda.or.id>

