Assalamualaikum wr, wb.
 
Para warga US, wilujeng tepang deui sareng pribados, Ely anu geulis tea.
 
Abdi tos maca  sadaya info di milist ieu, atuh aya carita anu narik, nyaeta 
posting ngenaan JAY.
 
Sateuacan neraskeun dongeng atanapi obrolan ngaler ngidul, abdi hoyong muji 
heula kaanu nyerat eta carios "wilujeng, sae pisan tah dongeng teh".
 
Diteraskeun ku basa gaul nya.
 
Abdi kataji kana caritana, carita ieu alus pisan, rada detail keur waktu 
sajam-mah, sanajan heunteu malapah gedang oge, tapi estu ieu caritateh ngeunaan 
sajam-dua jam, sapoe-dua poe tina autobiographi atawa riwayat hidup penulisna 
(upami teu lepatmah ambu saparakanca nya ?).
 
Wilujeng atuh ambu, abdimah resep pisan ambu kersa ngariwayatkeun authobiografi 
ambu  dina milist ieu, atuh etang-etang ngawakilan kaum bodo/miskin/malarat anu 
sanggem interaksi nganggo alat komunikasi canggih (Internet tea). 
 
Atuh saena diteraskeun ambu, utamina lalampahan ambu, napay-mapay jalan Suci, 
Cicadas, katut gang slamet, atanapi kebon gedang, cipicung, sekeloa, 
haur-pancuh, Dago pojok, Murarajeun, Sekemirung, Bojong kacor, Cipedes - 
Sukajadi, Sukasirna, Cikaso, Sukarasa, Asep berlian,  Kosambi Lio (sisi rel 
cakeut gudang utara), Cicaheum, Cimuncang, Jatihandap jeung sajabana.   
 
Daerah anu disebutkeun  diluhurteh conto daerah di Bandung utara anu kacida 
arijidna, kalotor, awut-awutan, kumuh, daerah ieuteh asa teu parok sareng 
sebutan Bandung kota kembang.
 
Teu parok oge jeung istilah anu disebutkeun ku penjajah Belanda baheula di 
tahun 1900-an yen Bandung dilandih �Paris Van JAVA�, nyaeta Paris nu ayana 
di Jawa. Padahal Paris jeung Bandung realitana  ayeuna jauh tanah ka langit. 
Realitana Bandung kaler anu dipilih ku Belanda keur tempat istirahat, anu 
ayeunamah diantawisna, Dago, Setiabudhi, Daerah Jl Dipenogoro, Cilaki jeung 
sajabana anu baheula endah, resik tur tumaninahteh, ayeunamah ngan sakelas 
jeung daerah kumuh/slum/Bronx di Kotamadaya Paris di Perancis. Bisa 
dibayangkeun kumaha ari Jl Suci, lamun daerah dago wae tos setarap jeung daerah 
kumuhna di Paris-Perancis. 
 
Cing ambu kedah dikumahakeun atuh daerah kumuhteh didaerah Bandung kalerteh ?, 
maenya beuki kadieu Bandungteh asa beuki kumuh. Sanaos pamikiran ambu moal dugi 
ka tiasa memecahkan mengentaskan kaum miskin/malarat, atuh suganwe paling 
heunteu ambu anu termasuk golongan ieu tiasa ngabantu heunteu nambihan 
kakumuhan bandung.
 
Salajeungna. 
 
Abdi hoyong ngadongeng wanci dua minggu nyaba ka Garut selatan, kecamatan 
Bungbulang.
 
Teu aya dongeng anu aheng diperjalanan, tapi katinggali alamna endah, masih 
keneh seueur tanah kosong anu bangkar teu diolah, duka kunaon, duka ku 
pamalesanana urang sunda tea, atanapi taak tani teu aya hasilna, tapi ieu tos 
ngabuktoskeun yen masyarakatna memang teu aya minat maju. Benten pisan sareng 
masyarakat Koreaselatan, anu ngan boga tanah sacangkewok, tapi para jajaka 
jeung wanojana teu pegat-pegat tatanen, satiap musim tanahna dipelakan ku 
pepelakan nu cocok jeung musimna, atuh antukna rakyat Korea selatanmah hirup ku 
hasil tanenan sorangan (ieu nu disebut swa sembada).
 
Dua minggu di Kacamatan Bungbulang kacida resepna, masyarakat balageur, 
saromeah, jiganateh hirupna tenang, teu aya nu kuli nepi ka sisuksruk 
tidungdung, didaerhamah  kuli macul oge paling ngabedug.  
 
Ku abdi didongengkeun yen aya istri di kota anu buburuh nepi ka subuh kuli nepi 
kajanari keur neangan sapiringeun. Kitu deui ku abdi didongengkeun aya guru 
pagawe negri nu ngajar di paguron luhur, kudu tisusut tidungdung ngajar di 
paguron luhur swasta oge keur nambah risiko dapur. Kitu oge dikotamah loba 
tukang parkir garelut jeung sasamana alatan parabut lahan parkir, sumawona 
kenek jeung kenek di ledeng daerah UPI (Universitas Padahal IKIP) atawa kenek 
nepi ka dordar jeung supir angkot kualatan parebut duit nyalo, kitu oge sok teu 
kurang para jajaka ngadoger/ngamen diparapatan mentaan receh kapanumpang angkot 
kusabab ngalanggur tapi butuh dahar. 
 
Didongengan kituteh maranehna harookeun, antukna naha cenah hirup dikotateh 
meuni malarat kadungsang dungsang, nepi ka kudu kitu ?. Komo waktos ngomentaran 
aya istri anu buburuh nepi kasubuh kuli nepi kajanatimah, nepi ka nganah-naha, 
naha kumaha ngurus salaki, ngurus budakna jeung sajabana. Abdi teu tiasa 
ngajelaskeun nanaon da kitu buktosna, sanes ?.
 
Atuh abdi oge sok ngadongeng jeung jajaka/wanoja di Bungbulang, nya abdi sok 
naros, kunaon tatanenteh heunteu ditingkatkeun, ulah nganggo pacul wungkul, 
atuh ningkat nganggo traktor saur abditeh. 
 
Abdi oge rada kaget cenahmah lamun nganggo traktor, pagawean tereh rengse, atuh 
kuli anu ngabedug oge bakal ngalanggur. Beu cilaka geuningan pikiran 
maranehnateh kieu, nya abdimah ngabetem we, maklum atuh ngajelaskeun perluna 
memodernisasi pertanian kanu tingkat pamikiran jajaka model kieu kudu ati-ati. 
 
Sakieu heula dongengna, bade istirahat heula, cape yeuh dua minggu di lembur si 
AA.
 
Salam
Ely Evalita. 



----- Original Message ----
From: rosma_ilyas

Timanan diudag ku tukang bajigur�r�k lumpat kamana deui iwal ti 
kadinya? Kaayaan astana nu pikasieuneun, hieum jeung geueuman, 
maklum astana heubeul ti jaman Walanda k�n�h. Salian ti tatangkalan 
nu leutik, geus puguh tangkal Samoja mah, loba pisan tatangkalan nu 
ged� kayaning Jati, Mahoni jeung Caringin nu geus jaranggotan 
diselang seling ku eurih.

----< dipangneukteukkeun ku k#5 >----


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke