Tipeureu...?! Tipeureu teh naon nya Kang...?! Senyawa beusi oksida nu kumalayang dina cai warnana koneng sanes...?!Meureun ketang...
Baktos, OTA *** Era aing mah sok sanajan urang sunda tapi rea kecap sunda nu teu apal heuheu... Lamun cai na loba tipeureu-an, disaring make ieu alus teu nya kang? On 1/17/07, [EMAIL PROTECTED] < [EMAIL PROTECTED]> wrote: Ngahaja dina gambar mah ku kuring teu ditingalikeun posisi areng batok kalapa disimpenna di palih mana heuheuheu...meh panasaran we... Dibandingkeun jeung keusik, koral, oge injuk, jumlah areng batok kalapa nu dianggo leuwih saeutik. Da fungsina pikeun nyerep warna jeung bau ieuh, jadi saeutik weh. Tapi, mun rek seueur oge teu nanaon, eta leuwih alus, meureun...Kulantaran saeutik eta, ku kuring ngahaja teu digambarkeun. Sabenerna mah, urutan tumpukan keusik, koral, injuk oge areng batok kalapa bisa we dimodifikasi, sakasuka urang sorangan. Kalayan ngilo sababaraha "pertimbangan teknis". Nu aya dina gambar kiriman kuring, eta mah husus pikeun saringan keusik nu aya di sasaungan kuring. Bener aya nu kaliwat kagambarkeun. Pangluhurna ditambahan deui ku tumpukan injuk supaya keusik teu muncrat kamana mendi lantaran "gorojog"-na cai tina kompa. Ari areng batok kalapa mah, mendingan disimpen luhureun keusik atawa dicampur oge sareng keusik teu nanaon. Ngan tong disimpeun handapan keusik, komo handapeun koral mah, bisi arengna bubuk. Kitu meureun...susuganan mangpaat... Baktos, OTA *** Ngahaja deui ku kuring teu digambarkeun sakumaha kabutuhan keusik, koral, injuk katut areng. Oge teu digambarkeun sakumaha luhurna eta mangkeluk (keusik jsb.) dina toren. Heuheuheu...

