Kang Faisal,

Sakedik koreksi ngeunaan kaakuratan kalender Sunda (Kala Sunda).
Numutkeun data ti Bah Ali, kaakuratan Kala Sunda langkung ti 80 taun
sakumaha kapendak dina websitena:
http://members.tripod.com/~INUG/Kala.htm

Aya dua sistem Kala Sunda: 1. Solar Sistem (anu dumasar kana
panonpoe); 2. Lunar Sistem (dumasar bulan). Dina eta dua sistem,
kaakuratan Kala Sunda langkung ti 80 taun. Urang pedar geura:

1) Numutkeun Solar System Kala Sunda

Kasalahan kalender teh ukur 0,0000022 (= 22/10000000) poe jero sataun.
Hartina, dina Kala Sunda Solar Sistem, ngan dina sajero 454.545, 4545
(opat ratus lima puluh opat rebu limaratus opat puluh lima koma 4545)
taun urang perlu nambahan 1 poe pikeun nutup kasalahan tadi. Harti
sejenna, kasalahan itungan teh ukur sajumlah 1 poe dina jero 454.545,
4545 taun. Tina bakat ku akuratna, Bah Ali anu ngadamel kalender eta
nyieu heureuy dina kalimah sarupa kieu: "...So, the judgement day will
come earlier rather than an expiry date of this calendar! (jokes)" .
Pedaran Bah Ali salengkepna ngeunaan Solar System Kala Sunda tiasa
diaos di alamat ieu: http://members.tripod.com/~INUG/Saka.htm

2) Numutkeun Lunar System Kala Sunda

Kasalahan kalender Lunar System Kala Sunda ukur 1 poe dina jero 2420
taun. Hartina, kasalahan unggal poe kacida kacida kacida leutikna nepi
ka jumlah kasalahan teh ukur 1 poe dina jero 2420 (dua rebu opat ratus
dua puluh) taun. Atawa, urang ukur perlu nambahan 1 poe dina jero 2420
taun. Pedaran Bah Ali salengkepna ngeunaan Lunar System Kala Sunda
tiasa diaos di alamat ieu: http://members.tripod.com/~INUG/Caka.htm

3) Kaunggulan sejenna Kala Sunda

Kamari si kuring disms ku Kang Oca, panitia anu salila ieu ngorbitkeun
Kala Sunda. Saur anjeunna: "salah sahiji kajugalaan (kaunggulan) Kala
Sunda - dumasar hasil panalungtikan - nyaeta yen unggal samagaha
(gerhana) bulan pasti ninggang dina purnama kaping 8 Suklapaksa (paro
caang). Taun ayeuna, samagaha teh ninggang dina 8s Posya sareng 8s
Asada". Kitu saurna. Teu percanten? mangga wae buktoskeun.

Sakitu heula ngeunaan Kala Sunda.

Baktosna,
manAR




454,545.4545
On 1/22/07, Faisal Akbar <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Punten ka baraya sadaya-na.
>
> Ngan hoyong nepikeun ieu topik nu kapendak ku abdi. Ieu ngan postingan kopi 
> paste tina blog abdi di http://kuring.blogspot.com/
>
> Abdi mah janten percanten upami Leluhur abdi Baheula (Prabu Siliwangi), 
> ngawariskeun kalender sunda nu akurat model nu ajukeun ku Ali Sastramidjaja, 
> 1991. Dimana eta kasalahan maca-na unggal 80 tahun sakali. Beda pisan sareng 
> kalender nu ku urang2 di angge ayeuna, kasalahan maca-na 4 tahun sakali.
>
>
> ________________________________
The fish are biting.
> Get more visitors on your site using Yahoo! Search Marketing.
>
>
>
> 

Kirim email ke