Sim abdi moal mairan perkawis beas bodas anu ngandung bahan kimia, margi teu 
terang awalna, ieu mah bade mairan perkawis "gula beureum" na.
  Jaman taun 50~60 dipasisian tatar Sunda, anu namina gula bodas atanapi gula 
pasir,
  kasebat masih disebat barang langka,  janten kanggo nga-amisan katuangan teh 
taya 
  sanes gula beureum, geura bae tina pasakan deungeun sangu, katuangan sapertos
  kolek, cendol, bubur lemu, cingcaw, jala (jalabria), bugis, dodongkar, papais 
beureum
  sareng sajabina dugika tuang bubuy sampeu anu dicocolkeun kana kurudan gula 
beureum
  oge ngaleueut kopi,  amisna ku gula beureum..., jaman harita tetela gula 
beureum teh
  "serba guna" pisan kanggo kahirupan dipasisian.
  Namung upami diperhatoskeun, tetela gula beureum teh aya dua rupi, anu hiji 
(anu di
  maksad ku sim abdi diluhur), nyaeta gula beureum anu didamel tina lahang 
kawung,
  anu kaduana nya eta gula beureum anu didamel tina (lahang) kalapa, anu sok 
dilandih
  gula Jawa.
  Kanggo ngabentenkeunana urang sebat bae gula kawung sareng gula kalapa.
  Pangemut sim abdi aya sababaraha bentenna antawis gula kawung sareng gula 
kalapa,
  diantawisna ;
  gula kawung langkung teuas batan gula kalapa
  gula kawung langkung tahan beye upami katiisan batan gula kalapa
  gula kawung langkung amis batan gula kalapa
  gula kawung ngagaduhan seungit batan gula kalapa...
  Leres henteu nya....??
  Cing anu uninga naon bentenna kandungan gula kawung sareng gula kalapa..?
   
  Hatur nuhun
  ssw
   
   
  oman abdurahman [EMAIL PROTECTED]
            Nyimpang saeutik. Kasus anu rada sarimbag kajadian dina gula bodas. 
Pikeun ngabodaskeun gula teh ceuk cenah digunakeun kalsium an organik. Tah, sok 
kabejakeun aya carita yen cenah loba teuing ngopi matak ngabalukarkeun panyakit 
ginjal. Ceuk hiji ahli, sabenerna panyakit ginjal eta lain akibat kopina, tapi 
kusabab gulana gula bodas - komo lamun bodas pisan - anu loba ngagunakeun 
kalsium anorganik dina proses ngabodaskeunana. Numatak, kaharti upama 
kabejakeun yen gula bodas anu alus teh nya anu teu bodas teuing, alias rada 
rumeuk. Sugan kitu oge. Dina lebah dieu, kabiasaan US baheula ngopi make gula 
beureum eta hiji hal anu positif. Industri gula beureum kuduna diramekeun deui. 
   
  Ngeunaan beas bodas anu make chlorin dina ngabodaskeunana bisa wae kajadian. 
Utamana lamun anu ngalakukeunana teh boga anggapan yen beuki bodas si beas, 
beuki laku kalayan terus neangan cara sangkan bisa ngabodaskeun pisan beas anu 
ek dijual. Lamun eta cara teh make chlorin tea, nya matak cilaka. 
   
  manAR


      Recent Activity
    
      24
  New Members
  
      2
  New Files

Visit Your Group 
  SPONSORED LINKS
      
   Culture change  
   Corporate culture  
   Cell culture  
   Organization culture  
   Tissue culture

      Y! Messenger
  Quick file sharing
  Send up to 1GB of
  files in an IM.

    Yahoo! Mail
  Get on board
  You're invited to try
  the all-new Mail Beta.

    New web site?
  Drive traffic now.
  Get your business
  on Yahoo! search.



  .

 
         


http://cikundul3.multiply.com
  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
  Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

Kirim email ke