aria sok aya oge nu nyebut harya... meureun asalna mah enya ti wetan. ngan
jadi bingung lamun napel ka ngaran banga. gara-gara googling eta oge, da
ukur eta sumber tatanya nu aya di hareupeun. aya nu nyaruakeun antara
hariang banga jeung aria banga. bener kitu? aria teh sarua jeung hariang.

dh

On 1/26/07, hangjuang bodas <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Leres pisan nu didugikeun ku Bah Willy.  Raden, Aria, Adipati jeung
Pangeran memang gelar pikeun Bupati atawa sok sering disebut oge Dalem.
Gelar pangpunjulna nyaeta Pangeran, sedengkeun Raden, gelar Bupati
panghandapna.  Aria jeung Adipati aya ditengah-tengahna.  Gelar-gelar ieu
diistrenkeun ku Walanda (pamarentah kolonial mangsa harita) gumantung kana
prestasi sang Bupati sewang-sewang.  Prestasi di dieu tangtu wae sagala rupa
nu ngajadikeun kauntungan pikeun Walanda.

Kecap Aria (Arya) teu tiasa disebut kecap pituin sunda, jigana mah kecap
ieu impor ti wetan (jawa), tos aya ti samemeh karajaan Mataram Islam,
contona aya tokoh nu ngaranna Aryo Penangsang.

Di wetan mah gelar Aryo masih keneh dianggo, saperti di lingkungan Keraton
Solo, mung kecap aryo tos robih jadi Haryo.  Bangsawan Solo seueur nu
kagungan gelar KGPH kacindekan ti Kanjeng Gusti Pangeran Haryo

Baktos,
pun hendra
___




--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:

Kirim email ke