1. Heuheu...puguh eta anu jiga biskuit teh asalna tina tangkal/buah gambir.
Tapi, upama si kuring salah ngeunaan bahan nyeupah, "Gambir" mah teges
ngaran tatangkalan. Hal eta kungsi kabaca dina salah sahiji buku. Ke heula
sugan inget buku naon, rek dikotektak heula.

2. Koja di wewengkon kuring eta kaasup sajenis korang badag. Bisa wae,
maksud umum "koja" eta sarupaning kantong. Rupa-rupa kantong: kaneron, koja,
jst.

Nuhun padungdenganana.
manAR


On 1/31/07, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  mang, aya dua hal nu rekdibandingkeun, sabab papalimpang jeung kanyaho
kuring salila ieu.
1. gambir. salah sahiji batur ngalemar (nyeupah). mun teu salah lain
sarupaning bubuahan, tapi rupana jiga biskuit. duka dijieun tina naon. mun
sikuring teu salah, mang oman jigana pahili jeung jambe.

2. koja asa sanes korang gede. koja mah asa sarupaning kantong, ayeuna
masih mindeng dipake ku urang baduy. dijieunna tina kulit kai.

kitu meureun,
dh

On 1/31/07, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Nuhun Kang Brad, katarimakeun kintunan teh, malah tos dipariosan. Aya
> sababaraha catetan si kuring ngeunaan asal-usul ngaran anu dikintun ku
> salira:
>
> 1. Mayoritas asal-usul ngaran tempat di Jakarta patali jeung ngaran alam
> (walungan, tutuwuhan atawa tatangkalan/flora) oga pakait jeung sajarah/tokoh
> anu ngamimitian muka lahan atawa anu boga lalakon. Conto: Cilincing,
> Cililitan, Pejambon, Ragunan, jst
>
> 2. Catetan khusus: aya dua tempat anu ukur disebut, tapi upama ku urang
> gemet dititenan pedaranana, teu aya saeutik oge kalimah anu nuduhkeun
> asal-asal ngaran eta tempat. Eta 2 tempat anu dimaksud teh nyaeta: Gambir
> jeung Salemba. Ngeunaan Gambir, anu nulis ukur medar sajarahna jeung nataan
> kaayaan tempatna boh ayeuna atawa baheula. Pon kitu deui ngeunaan Salemba.
> Kacindekanana: eta tulisan, khusus keur Gambir jeung Salemba, henteu ngaguar
> asal-usul eta dua aran patempatan di Jakarta.
>
> Gambir, jelas, eta ngaran hiji tutuwuhan anu sok dimanfaatkeun buahna
> pikeun nyeupah (ngalemar). Kecap "gambir" atawa aran keur tutuwuhan kitu
> sigana asli ti Sunda.
>
> Ngeunaan kecap "Salemba", si kuring teu terang jeung teu boga ideu keur
> nerangkeun timana asal-usulna kecap. Manawi nu sanes?
>
> 3. Aya sababaraha kecap anu keur si kuring masih muka kamungkinan
> aya asal-usul sejen. Conto:
> - "Pancoran"--> asal kecap tina kecap Sunda: "pancuran", nya cai anu
> dikamalirkeun make awi biasana mah pikeun kaperluan sapopoe.
>
> - "Pejambon"---> naha teu mungkin asalna tina kecap Sunda "pajambuan"
> anu hartina tempat anu rea tangkal jambuna. Parobahan tina "pajambuan" jadi
> "pajambon" dina basa Sunda eta memang aya aturanana jeung mindeng
> dipraktekkeun. Upamana: pakayuan---> pakayon; pakuwuan --->pakuwon,
> paguruan--->paguron, jst. Robahna "pajambon" jadi "pejambon" nya wajar
> wae diteruskeun ngucapkeunana ku dialek Jakarta
>
> - "Pakayon"--->mungkin anu ieu campuran: tina basa betawi (Indo) anu
> diucapkeun ku letah Sunda: pakayuan --> pakayon
>
> - Pekojan---.bisa oge tina asal kecap "koja" nyaeta ngaran wadah
> lauk paragi tempat lauk hasil nguseup atawa ngecrik. "Koja" lumayan badag,
> anu leuwih leutik disebutna  "korang". Boh koja atawa korang dijieunna
> umumna tina awi. DI Bandung aya tempat ngaranna Pasir Koja. Tina "koja" jadi
> "pakojaan" jadi "pekojan". Bisa wae,
>
> - Srengseng---> bisa wae asal kecapna tina "Sarengseng" nyaeta ara
> sarupa tutuwuhan jenis awi-awian.
>
> - Sundakelapa aslina pake lidah Sunda dong ah: Sundakalapa. Jelas ieu
> mah ti jeung jieunan urang Sunda.
>
> - Cijantung--> tina asal kecap "jantung" (cau), nyaeta bagean kembang
> cau anu teu jadi buah. Bisa jadi bahan kadaharan anu raos, disayur.
>
> 4. Kataji ku asal muasal kecap "Senayan" ngaran tempat anu mashur
> ayeuna. Geuningan tina ngaran tokoh nya? Upama nilik kana kasaruanana jeung
> ngaran anu make wangsa nu sejenna di Sunda, saperti" Wangsagoparana,
> Wangsaatmaja, komo nilik nami kaduana sanggeus kecap "wangsa", eta oge jelas
> ti wewengkon Sunda. Bisa jadi Wangsanaya teh masih aya katurunan ti
> Wangsagoparana, Nangkabeurit, Sagalaherang, Subang. Kang Mgt bade zaroh ka
> Senayan? hehehehe
>
> 5. Kusabab kitu, itung-itung tai lutung, tetela ngaran-ngaran patempatan
> di Jakarta teh masih loba pangaruh kecap Sunda
>
> Cag heula.
>
> baktos,
> manAR
>
> _._,___
>



--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:



Kirim email ke