Aya deui, manuk gaok (gagak)...... dikampung upami aya gaok/gagak ngelak sok
digebahan ku sepuh-sepuh, di husss..husss..., dugi ka sok sibaledogan.....
majar teh totonden yen di eta kampung bakal aya anu maot...
Namung hal kitu teh sanes diurang wae, tetela di Korea oge kitu...
Sababaraha dinten kalangkung (numutkeun warta dina TV SBS) dihiji kota
dipakidulan Korea Kidul kalebet di kota Seoul kantos didongkapan, rombongan
manuk gaok/gagak, eta we upami tos hiber dugika sapertos angkeub, bakat ku
seueur-seueurna.
Tahhh...waktos harita diwartakeun oge, hasil wawancara sareng masyarakat,
tingawitan
murangkalih dugika aki-aki istri pameget....
Hasilna, sadayana teu resepeun kana manuk gaok/gagak teh, salajeungna eta
repoter
TV ngawawancara ahli manuk sareng ahli lingkungan, hasilna tetela patulang
tonggong
sareng anggapan jalmi biasa.
Ceuk ahli lingkungan; daerah anu didongkapan ku rombongan manuk gaok/gagak,
nandakeun hawa di eta daerah beresih/bebas polusi.
Ceuk ahli manuk ; tetela manuk gaok/gagak ngahakanan/ngabasmi hama tatanen.
Wallahu alam...
ssw
[EMAIL PROTECTED]
Sora manuk naon nu dipikasieun ku urang Sunda? sigana sora manuk sit
uncuing. Ceuk cenah sora manuk sit uncuing, mere totonden rek aya nu
maot. Sit uncuing disada biasana disada sering pisan, ti subuh keneh
tepi ka sore. Sora sit uncuing biasana paling sering kadenge dibulan
januari-Februari. Loba nu maot di bulan Januari-Februari? ...ah
sanes kitu, ari ceuk beja mah sit uncuing teh manuk migran, lembur
musim panasna lain di tatar SUnda, tapi jauh...jauh di kaler, di
Siberia atawa di dataran Cina. Ayeuna, di bulan Februari, lembur sit
uncuing keur usum tiris (winter), "kaum" sit uncuing ngarungsi ka
kidul ka lembur urang .....
Sora manuk naon nu teu dipikaresep ku "kaum" bangsat? di lembur
kuring mah sora manuk bebence, manuk peuting nu kuring oge acan
nyaho rupana. Sorana lamun teu salah mah : ce ...ce .....ce". Lamun
ngadenge sora manuk bebence, kahade ulah sare tibra teuing, sabab
eta teh totonden aya bangsat kukulamprengan neangan palingeun.
Aya oge sora manuk nu mere totonden meunang wiwirang, nyaeta sora
manuk bueuk. Lamun sora manuk bueuk ngelak wae disada, eta teh
totonden bakal aya parawan atawa randa ......reuneuh ti heula
(reuneuh acan kawin). Baheula di lembur kuring, kajadian nu reuneuh
ti heula teh jarang-jarang pisan. Dina aya kajadianana oge, jadi
gujrud salelembur, ear sajagat, jadi carita mangtaun-taun, nu teu
aya anggeusna, kaasup dongeng soal manuk bueuk ngelak wae disada di
pipir imah wanoja nu meunang "wiwirang".
Cik aya keneh sora manuk nu mere totonden?
Baktos,
WALUYA
Recent Activity
10
New Members
1
New Files
Visit Your Group
Give Back
Yahoo! for Good
Get inspired
by a good cause.
Y! Toolbar
Get it Free!
easy 1-click access
to your groups.
Yahoo! Groups
Start a group
in 3 easy steps.
Connect with others.
.
http://cikundul3.multiply.com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda