Assalamu'alaikum Wr.Wb

Nepangkeun, abdi nembe lebet ka ieu millist- kawitna mah mung hoyong
noongan wargi-wargi anu balakecrakan ngalobrol ku basa Sunda, kumargi
kabandang ku jenengan kang Deny Suwarja....  (kapungkur waktos abdi
kuliah di IKIP FPMIPA-Biologi angkatan lebet '86,  gaduh rerencangan anu
jenengannana Deny Suwarja/pinter kanu bahasa Inggris, kapungkur bumina
di Batujajar, dupi ieu teh leres kitu Deny Suwarja anu eta??).

Tos ampir 9 taun abdi ngumbara di lembur batur/Jepang, Upami kawit mah
ti Bandung, pun Bapa (Alm) asli Ciamis, pun biang asli Garut.... 
Disuhunkeun kajembaran manah wargi-wargi sadaya supados abdi ditampi
ngiringan ilubiung ngamumule basa Sunda.....

Haturnuhun kana perhatosan sadayana.......

-Pupung Permatasari-

Kirim email ke