ngiring bingah ka urang bogor anu tos ngaluarkeun majalah sunda tong he love di guar oge urang sunda di wilayah banten. agen majalah "balebat" di wilayah banten tos aya acan? sabaraha pangaosna per edisi..?
nuhun JB -------Original Message------- From: [email protected] Date: 02/10/07 12:01:58 To: Kusnet Cc: Kisunda; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED] Subject: [Urang Sunda] Majalah Sunda "Balebat" Para wargi sadaya, Ti tadi peuting aya Kang Runa nepungan, nya ditarima wae di kantor, kabeneran keur lembur. Ngahaja nepungan, saurna, bade maparin majalah Sunda anyar, bari kusiwel ngaluarkeun majalahna tina tasna. Leuh enya wae, sakumaha kl 2 minggu katukang inyana ngiberan yen sakeudeung deui baris medal majalah Sunda yasana warga Kusnet di Jakarta - Bogor, majalah "Balebat" aranna. Majalah Balebat teh yasana dulur urang, Kusnet, anu dumuk di Bogor jeung sabudeureunana. Diantawisna, rengrengan anu ngurusna, sakumaha dina kaca kahiji eta majalah nyaeta Kang/Teh: Hendra M. Asatari (pupuhu redaksi), Inotji Hayatulloh (panasehat), Hendra M. Astari, Yayan Mulyana, Dudi Herlianto, Hadee Darajat (dewan redaksi), Bagus Priatna (kontributor seratan). Dina edisi no 1 tahun kahiji ieu malah Kang Kumi (Iskandar Adnan) nyumbangkeun seratan anu judulna: "Kusnet: Ngamekakeun Basa Sunda di Alam Maya". Hiji seratan sae anu dijungjung jadi bentangna artikel Balebat No 1 Tahun I, 2007. Balebat dipedalkeun ku "Pedepokan Riksa Sunda" anu alamatna di Jl Raya Leuwi Liang KM 14, No. 26-27 Ciampea, Bogor 16620 kalawan tlpn-na: 0251-420840, kontak Hp no: 0818-711-396, surelek: [EMAIL PROTECTED] Anu ngarojong salaku supporter pedalan kahiji ieu diantarana: "Hanjuang Bandrek dan Bajigur" (sigana nu Kang Eko yeuh), Bogor Nirwana Residence, Padepokan Giri Sundapura, RPC 95,3 FM 846 Radio Pertanian Ciawi, Image, RMI, Yayasan Budaya Hanjuang Bodas, sareng Himpunan Mahasiswa Tasikmalaya (Himalaya). Baraya, Hanjuang dipedalkeun dina format model Intisari, ngan leuwih ipis. Dicitak dina kertas lumayan teu rumeuk teuing, kalawan gedena huruf sedeng. Anapon formula eusi Balebat nyaeta ti kaca munggaran nepi ka panungtung (dina kurung: eusi dina edisi I no 1 2007): Lawang Saketeng, Carita Nyambung ("Si Ema Jeung Bi Yayah"), Mata Holang ("Jati Kasilih ku Junti"), Motekar ("Kang Eko, Webmaster Ramatloka Kusnet"), Panyawang ("Tanjakan Empang"), Napak Tilas ("Awal Ayana Kecap Sunda", tarjamaha tina seratan Prof. Dr. Ayat Rohaedi), Carita Pondok ("Kanceuh" jeung "Bulan Mabra di Madinah"), Paribasa, Angkulung Gubrag, Sabilulungan, Ubar Lembur ("Diabetes"), Pelesiran ("Curug Putri), Kabuyutan ("Aya Taman Sri Baginda di Pasir Eurih"--wah mantab eung aya rubrik "kabuyutan", wilujeng), Sisindiran, Bale Paniisan ("Cinta Abubakar ka Mustapa"), Ceuleukeuteuk (pasti model 4S), jeung Cahaya Syiar. --- Rupina sakitu wae heula minangka reportase amatiran kana karya media citak Sunda anu nembe medal. Kalayan penggero kasing saha bae warga Kusnet anu aya waktos nyerat, mangg diantos sumbang seratna kanggo "Balebat" (sakumaha talatah ti Kang Runa). Panutup: Wilujeng ka dulur-dulur Kusnet anu aya di Bogor-Jakarta, anu tos ngalengkah dina usaha ngeuyeuban bahan bacaan populer dina basa Sunda. Hatur nuhun ka Kang Runa anu tos haat nganteurkeun eta majalah langsung ku jinisna. baktos, manAR
IMSTP.gif
Description: GIF image

