huahahaha si jay ngahaha meni ngeunah, bari nanya "ari nyaneh nyaho singketan nikah". "nikah mah lain singketan" "ari nikah teh tina NIdihan KAHayang", jelas si jay "cik, cik!!" "au ah elap". bari ngaleos
-----Original Message----- From: ndoell [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Friday, February 16, 2007 9:08 AM To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] Kawin "Jay, kamari tatangga uing kawin" "Kawin ? jeung naon ?" "Naha make nanya jeung naon, nya jeung jelma atuh.." "matak naon ari ka jelma mah, nikah kitu.." "Ih ari maneh, geuning dina ijab kobulna eta nu lalaki teh ngomong kieu : Saya terima nikah dan kawinnya..Neng Anu binti Anu.." "Kitu ? mun kitu mah nikah jeung kawin teh beda atuh ?" "Nya jelas beeeedaaaa atuh, nikah mah make surat, ari kawin mah make urat" "maksudna ?" "maenya nu kitu-kitu wae kudu dijentrekeun ?" "Ih, meh jelas atuh" "Hayang jelas ?" "Enya atuh, meh apal .." "Hayang apal ?" "Enya atuh, meh puguh.." "Mun hayang jelas, mun hayang apal, mun hayang puguh.... geura nikah tuluy kawin we atuh .." "Geuning maneh nyaho ?" "Naon tea ?" "Heueuh soal eta" "Nya nyaho atuh" "Nyaho timana ? apan can nikah jeung kawin ?" "Nyaho soteh, puguh lalajo pan kamari, matakna uing dongeng oge" "Lalajo soteh nikahna, ari kawin-na ? lalajo teu ? "Nya henteu atuh, maenya nu kawin dilalajoanan" "Nya sugan we, naha atuh lain dilalajoanan ?" "Heueuh atuh apanan, eta mah urusan maranehna duaan, hakna.." "Ari kitu geuning ...?" "Naon ?" "Geuning harita gujrud soal artis jeung anggota DPR nu keur kawin.. tuluy dilalajoanan ku jutaan jelma, tina henpon, tina, VCD jeung sagala rupa. Samemehna mah komo, leuwih loba pan kajadian sarupa kitu teh.." "Eta mah beda deui atuh..." "Naon bedana ? apan sarua keur kawin ?" "Enya da eta mah kagorengan atuda" "Naha atuh geuning raresep lalajo kagorengan batur ?" "Ih atuh teu nyaho..." "Naha teu nyaho ?" "Ah meugeus...siah !" -dul- tukangteuing

