kang jaka, ari numutkeun panoongan kuring mah, naon wae subjekna nu dibahas,
rek dongeng, rek legenda, rek penomena alam, rek mitologi, atawa naon wae,
tungtungna moal jauh ti mateakeun logika alias akal. naha aya alat sejen
kitu, nu dipiboga ku manusa, pikeun ngajawab sagala kapanasaranana, kajaba
ti akal. anapon rasa jeung panca indra, eta mah 'sparing partner' keur
ngabantuan pagawean akal. pikeun conto, naon nu dipedar ku kang engkus, oge
bah siddik, pikeun nyurahan dongeng sangkuriang, taya lain ti hasil matekeun
akal. tangtu kang engkus, oge bah siddik, dinya nyurahan subjek nu sarua
baris kapangaruhan ku pangaweruh jeung naon nu kungsi kabaca jeung karasa ku
pribadina sewang-sewangan. eces, dina naon nu ditepikeun ku bah siddik, geus
disurupkeun jeung pangaweruh elmu hayat. ari nyambung-nyambungkeun
pangaweruh nu geus aya, jeung subjek nu dibahas, pikeun ngoreh jadi
pangaweruh anyar apan eta teh pagawean logika. (mh)

On 2/21/07, Jaka <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  muhun eta mah...lepatna anu nyebatkeun eta, yen urang sunda
katurunan Sangkuriang atau si Tumang...
da eta mah mung saukur dongeng Legenda anu diciptakeun ku
sepuh2 / luluhur urang...
hampir tiap2 dongeng, aya untuy anu teu lebeut logika, saupami
di barungkeun sareng kaayaan ayeuna.
dina dongeng eta,jelas2 eta mah dongeng salingkungan subjek2
anu aya dina dongeng eta.
eta dongeng saleresna dongeng/sasakala anu pami dilogikakeun
moal repok.
da eta mah dongeng anu maksadna ngelingan ka urang sadaya,
dongeng Sunda, dongeng ma'rifat-hakekat...dongeng kanggo
ngemutan sangkan urang tong hilap kana purwadaksi, nu sajati.
bingah yen urang sunda mah jarang ngadongengkeun batur,
numawi dongeng2 kapungkur eusina ngadongengkeun nu teu
jauh tina hal eta.
Dina caritana biasana Subject-objekna teh janten siloka anu kedah
diguar...anu siloka eta teh moal jauh tina : kasajatian, kasucian,
kuring-kurung, tabeat2 dina diri,jrrd.

atuh anu nyebatkeun urang sunda turunan si Tumang, turunan
Sangkuriang, jelas2 jigana sanes nu tiasa ngaguar eta maksad dina
dongeng. KUmargi dongeng anu ngajanten legenda di urang sunda
teh dongeng Sangkuriang eta, duka nuju ngewa atanapi kumaha,
inget kana dongeng eta...brollll weh nyebatkeun urang teh turunan
anu aya dina dongeng2 eta...padahal sidik (sanes apih siddik) eta mah
saukur dongeng wungkul.

Mung ieu dongeng upami diguarna ku logika, aya nu kirang...da sanes
karya ilmiah.

upami bade diguar ku bab kasajatian,hakekat diri-diri urang ieu mah
memang repok, ieu dongeng berkualitas sareng salah sawios dongeng2
anu tiasa ngelingan.

Upami bade ku sastra per sastra-an ieu dongeng janten kajian anu
"menarik" kanggo dijantenkeun proyek galieun....

Upami bade diguar ku sajarah,antropologi,geografi menarik oge...sugan
weh mendakan atanapi janten pangbuktos ieu dongeng teh kajantenan
atanapi sanes...sabab aya nu nyarioskeun anu pamendak di guha Pawon
teh cenah eta jaman Sangkuriang-dayang sumbi tea...tapi teu acan
aya deui warta deui ieu teh.

tapi dinu lebeut manah, ieu wadah nampi yen ieu teh dongeng siloka,
potret anu aya dinu diri urang, anu kedah dicukcruk, dipiluruh ku urang
kanggo dugi kana kasucian lan kasajatian.

ngagedor masalah anu tarekat2 tadi:

Upami teu lepat mah aya tarekatna Mama Mei teh...mung duka ditancebkeun
duka henteu benderana...da inti tarekat mah "ngadameulan" atanapi
"dameul"na.
upami namina mah duka tarekat daya/budaya tea duka tarekat Kartawinata.

hapunten nu kasuhun pami teu sae, teu nyekon, kirang masagi...
pun ampuuun...

Hatur salam,
pun Jaka.

rampes,

Kirim email ke