kurang saeutik euy. biasa rusuh! haha
alamat web kuduna, www.ethnologue.com

masalah survei. kecap kulawarga kudu ditambahan ku "nu ngabogaan telepon"...

punten,
dh

On 2/26/07, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

masalah klasik!
ti baheula loba inohong nu rempan basa sunda bakal leungit. bakal paeh.
mun teu salah inget mah dina koran pustaka sunda nu terbit taun 20-an ge
geus aya nu ngomong kitu. taun limapuluhan ge pernah rame. malah aya nu
memprediksi cenah ahir abad 20 bakal musnahna teh. tapi kanyataanna? nepi
kaayeuna masih keneh loba nu make. lamun urang rek percaya ka
www.etnologue.com, panyatur basa sunda lobana kurang leuwih 25 juta urang.
ke lamun geus kurang ti 100 rebu panyatur kakara kudu gadaggidig. sabab
totonden musnahna basa geus ditungtung tikoro. ngan saayeunaeun mah basa
sunda moal ilang dina dangka 100 taun. ketang lamun teu dimumule ti ayeuna
mah wallohualam nya?

dina tulisan nu dialungkeun ku kang awan masih pabaliut ku sunda teh
bandung hehe. ngeunaan basa sunda di kota bandung. tempat pangulian pernah
ngayakeun survey leutik. survei di genep kota gede di indonesia. total
responden 479. kota bandung kabagean 80 resp. cek elmu statistik, sakitu
geus kawilang gede. komo lamun dibarengan ku pangacakan nu bener mah.
hasilna 70% kulawarga di kota bandung make keneh basa daerah di kulawargana.
20%saratuspersen basa daerah, 50% geus make dua basa. basa daerah jeung basa
indonesia. ngan hanjakal ieu survei teu nyosok jero nepi ka basa daerah mana
nu dipake. biasa katalikung ku waragad hehe... jadi hasil ieu ukur bisa
ngira-ngira, sakitu oge kaayaan kulawarga sunda di kota bandung. lamun
diasupkeun kasalahan survei: sakitar lima persen kasalahan sampling ditambah
15% we (gede teuing ge kajeun lah) kasalahan non sampling. kulawarga sunda
nu masih make basa sunda di kota bandung kurang leuwih 50%.

dh




--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:

Kirim email ke