Assalamualaikum Wr.Wb, Sampurasun, Gong Shi Fat Choi Kanggo baraya KUSnet sa alam Dunya.
Wilujeng Patepang deui, mugi urang sadaya aya dina panangtayungan anu Maha Kawasa. Kanggo baraya KUSnet anu nembe ancrub dina milis ieu, wilujeng gabung, hayu urang soson-soson ngamumule basa & Budaya Sunda. Kumaha carana? Nya ku jalan ngedalkeun naon-naon anu karasa, kapikiran, katingali, karandapan ku diri pribadi, dina basa Sunda. Aeh, enya hilap, tacan ngawanohkeun maneh. Ari wasta (nami) mah pun M Rachmat Rawyani. Naon M na the. Sobat kuring sok nyalenggorkeun M the jadi Matthew atawa Matius. Tapi ari sobat kuring anu ngasuh milis anak berbakat, sok ngalandih Pak Mamat. Tos buntutan dua, anak kahiji lalaki (Adang Wachyu) umur 10 taun, Nu kadua awewe (Nenden Wulan) 9 taun. Ari pakasaban (padamelan) mah di Kampus UI depok, di bagian anu aya pakaitna kana ngokolakeun informasi. Naon deui nya? Pun Bojo, asli Sunda, urang Cianjur kalahiran Jakarta. Damelna di kementrian anu migeuykeun awewe (Pemberdayaan Perempuan), nenehna Lieska Prasetya. Eta di luhur aya basa Gong Shi Fat Choi, pedah wae bulan ieu teh masih dina suasana imlekan. Nurutan pa SBY ngareuah-reuah bangsa urang anu katurunan ti Tiongkok tea. Ceuk cenah kuring oge aya turunan ti Tiongkok, nyaeta rerehanana katuruan Gunung Jati Cirebon. (ceuk cenah dina buku palajaran waktu kuring di SMP, karuhun bangsa Indonesia teh ti tiongkok kidul).Tapi kuring tara pati percaya, da boga prinsip yen hiji manusa teh anu bakal ditingali ku masyarakat mah hasil karyana, paripolahna dina ‘bermasyarakat’, amal ibadahna. Sakitu wae heula minangka bubuka, tulas tulis di KUSnet. Karasa mani asa karagok, da tara dilalanyahan nulis dina basa Sunda. Baktos, mrachmatrawyani ____________________________________________________________________________________ Do you Yahoo!? Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta. http://new.mail.yahoo.com

