kang rumasa teu apal ka lagu nataan gunung mah. ngan lirik nu ieu "Gunung tanpa tutugan, Gunung galunggung kapungkur gunung Sumedang katunjang", mah sering ngadangu. dina tembang nu dihaleuangkeun ku kang darso. judulna maripi. santos ngadangu sok hayang nanya. ari gunung sumedang teh di mana? naha ukur meh murwakanti jeung katunjang kitu? nu sabenerna mah euweuh.
dh On 2/27/07, Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kahatur kang Iman, Geningan sami sareng simkuring, resep kana Cianjuran. Mung, upami henteu lepat nguping, kecap anu dimaksad teh "sasaka domas" Upami henteu lepat nguping, rumpaka tembang Nataan Gunung anu dihaleuangkeun ku ibu Mamah Dasimah sareng pa Didin S. Bajudri ti Lingkung Seni Sasaka Domas teh sapertos kieu: Gunung tanpa tutugan Gunung galunggung kapungkur gunung Sumedang katunjang ._,___
-- ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:

