Enya, leres kang..
Tapi ayeuna mah tong mikiran teuing batur nu arembung nyarita ku 
basa Sunda. Keun we antep, tong dipikiran teuing lah, bisi gering..
Nu penting urang biasakeun we di lingkungan urang. Nyarita ku
basa sunda, nyetel lagu-lagu sunda, maca majalah sunda.
Kabiasaan eta teh, saeutik-eutikeun bakal mawa pangaruh ka pangeusi
imah.

Paling saeutikna kitu anu bisa dilakonan ku urang, dina raraga
miara basa jeung budaya sunda.


-dul-
tukangteuing

--- In [email protected], Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Haturan kang Boim,
> 
> Oh kitu ku taeun teh. Tapi naha nya mingkin seueur nonoman Sunda 
anu henteu kersa nyarios Sunda. Moal kitu upaya ngamumule budaya 
ngalangkungan media masa elektronik masih kirang? Upami kitu, 
panginten faktor utamina mah di kulawarga. Upami para sepuh uang 
Sunda henteu ngabudayakeun basa sunda di kulawargina nya wajar para 
putra-putrina henteu atanapi kirang tiasa nyarios Sunda.
> 
> Wassalam,
> Asep
> http://members.tripod.com/pasundan
> http://hadiyana.tripod.com/meframe.htm
> 
> 
> kang boim <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Haturan kang Asep...,
> ayeuna di TVRI Jabar & Banten oge tos aya warta berita dina basa 
Sunda
> tiap sonten (asana mah unggal jam 4.30 sore kitu..) malah hal tos
> kaitung lami kitu di Bandung TV, Pajajaran TV jeung Chanel TV aya
> siaran dina basa Sunda (duka ari MQ TV aya teu nya....? soalna can
> kapangih / diteangan chanelna/gelombangna.......hehehe)
> 
> cag...ah,
> 
> "kkbm'69"



Kirim email ke