Duh hawatos pisan .... Emut waktos kapungkur ... ngalaman kitu teh, tapi henteu dugi ka jojorowokan mah Seueul, peurih, ngusial, sebel, mules jrrd
Kuring mah resep na kieu 1. Obat maag teu sirikna siga sangu (tapi kedah ka dokter heula, kumaha dosisna) Ieu jang ngaleungitkeun "asam lambung" anu ayeuna keur loba dina peujit. 2. Dahar nu gede, jang ningkatkeun tanaga jang ngalawan nyeri na. tapi kudu pipilih tong waka kacang-kacangan (lamun keur karasa) tong waka dahar engkol tong waka nginum susu komo nu murni mah (mengandung asam) tong make bumbu pedes, pecin (membentuk gas cenah dina peujit) tong dahar cau, nangka, duren (seueul) 3. Dahar ayeuna mah bubur heula 4. Tong ngarasula, sing tawakal da lain panyakit nu can panggih ubarna Ngan efek samping biasana sok barusuh mun geus cageur mah na mah bere we gedang Mun geus cageur 1. teu meunang nginum kopi kajeun saeutik oge. 2. Teu meunang pisan dahar nangka jeung duren dalam segala bentuk, bisa KO ku ieu mah 3. Teu meunang bubur kacang, engkol 4. teu meunang pedes, haseum , lada 5. tong telat dahar kudu teratur dahar. sok ah cobian On 3/5/07, aldo desatura <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
DEAR simkuring keur dibere ujian ku Allah SWT, pun adik Awewe keur nuju teu damang, ku lantaran panyawat Maag Kronis nepi siga nu teu sadarkeun maneh.... gurang garung teu pararuguh jojorowakan siga kitu ... kunaon nya?? ceuk ustad mah teu kunanaon tapi siga nu kasurupan kitu... ALLAHU AKBAR kudu kumaha atuh simkuring teh...?? sa tos na pun aki wafat teras wae kajadian nu teu pararuguh teh sim kuring keur ikhtiar make ubar kampung kusabab make dokter mah tos bebeakan sikuring teh teu damang2 wae.. ya Allah mun rek di pulangkeun nya mangga wae atuh mun ningali siga kitu mah sikuring teu tega ... awak begang mata celong.. naha nepi ka kiyeu ka ayaan teh pi kasusah teh aya wae ...

