Sim Kuring gaduh lanceuk istri nu kantos kenging panyawat nu mirip. Ayeuna
mah pun lanceuk tos damang kalawan ngurus rumahtangga nu kagungan 4 putra.
Upami kataji, mangga telepon ka sim kuring. Mugia sim kuring tiasa masihan
bongbolongan.
----- Original Message -----
From: aldo desatura
To: [email protected]
Sent: Monday, March 05, 2007 2:04 PM
Subject: [Urang Sunda] keur bingung kuring teh euy....
DEAR
simkuring keur dibere ujian ku Allah SWT, pun adik Awewe keur nuju teu
damang, ku lantaran panyawat Maag Kronis nepi siga nu teu sadarkeun maneh....
gurang garung teu pararuguh jojorowakan siga kitu ... kunaon nya?? ceuk ustad
mah teu kunanaon tapi siga nu kasurupan kitu... ALLAHU AKBAR kudu kumaha atuh
simkuring teh...?? sa tos na pun aki wafat teras wae kajadian nu teu pararuguh
teh sim kuring keur ikhtiar make ubar kampung kusabab make dokter mah tos
bebeakan sikuring teh teu damang2 wae.. ya Allah mun rek di pulangkeun nya
mangga wae atuh mun ningali siga kitu mah sikuring teu tega ... awak begang
mata celong.. naha nepi ka kiyeu ka ayaan teh pi kasusah teh aya wae ...