Judul Neang Kamelang, kamelang tina kecap asal melang (verb intransitive) anu 
hartina hariwang atawa ngarasa salempang, sedengkeun neang tina kecap teang 
(verb transitive), jadi hartina neang kamelang teh sarua jeung neang 
kahariwang, didieu meureun boga harti injeuman, anu harti sajalantrahna bisa 
bae ngajugjugan kahariwang.
Naha bet hariwang..?, tah eta kabeh dijelaskeun dina unggal pada dihandapna :
 
Pada 1 :
 
baris 1 (atawa bisa dianggap padalisan) : jug geura nyiar indung, jug ( 
maksudna meureun jung), jung biasana disebut kecap anteuran, anu ngadorong 
bituna rasa, dina ieu kalimah tangtu aya unsur nitah indit supaya geura nyiar 
indung. 
Nyiar hartina neangan, naha bet indung kudu diteangan..?, kapan indung mah 
tangtu kudu aya lamun aya anak, mustahil aya anak lamun euweuh indung. Sigana 
didieu ge dimaksudkeun dina harti injeuman, tapi naon..?, (keun urang teundeun 
heula sakeudeung).
 
baris 2 : nu mantak ( maksudna matak) moal kaduhung
Naha enya aya indung nu bakal jadi kaduhung, tangtu anu kaduhungna teh nu jadi 
anakna?
Bisa jadi lamun anakna barang brol dijurukeun, ku indungna ditinggalkeun, 
indungna indit teu manggihan deui, indungna teu tanggung jawab. Atawa sabalikna 
si indung ngarasa kaduhung boga anak. Sigana didieu mah lain kitu tapi anak nu 
kaduhung ka indung.
Sigana harti indung didieu oge lain dina harti indung biologis, tapi indung 
dina harti lain (baca dina baris ka 5 )
 
baris 3 : Tutulis maol panggih jeung nu surti
Tutulis tangtu tina kecap asal tulis, ngan teu pati sidik anu dimaksud, naha 
hartina teh tulas tulis, "dirina" anu tulas tulis atawa "dirina" anu manggihan 
tulisan, nu dimaksud "nu surti" tangtu jalma lian, jalma diluareun "dirina".
Lamun dihartikeun sok sanajan tulas tulis atawa mawa tulisan moal aya anu surti 
kana eta tulisan. Surti didieu hartina ngarti kalawan sapuratina, ngarti kana 
tulisanana (bisa maca) jeung ngarti naon anu dituliskeunana, lamun teu kaharti 
bisa jadi aksarana asing jeung basana asing (baca dina baris ka 5).
 
baris 4 : Tatapak moal panggih jeung pangeran.
Tatapak tina kecap tapak, hartina urut suku nincak, tapi lamun dihartikeun 
tatapakan nyaeta batu tempat cicingna tihang imah. jadi baris eta bisa 
dihartikeun sanajan leumpang kamana mendi nepi ka loba tapakna moal panggih 
jeung pangeran (pangeran boga harti sababaraha hiji 1.gusti, tuhan, 2.gelar ka 
anak raja, 3.gelar pangluhurna keur bupati jaman baheula), dina baris ieu duka 
teuing kana loyogna, tapi sigana mah leuwih deukeut ka harti gusti.
Singgetna bisa dihartikeun : sok sanajan urang acong-acongan nyembah maol 
meunang barokah ti gusti
 
baris 5 : lamun teu muja ka indung jeung bapa
Tah geus aya deui kecap indung, malah ditambahan ku kecap bapa, didieu mah rada 
jentre tangtu anu dimaksud teh indung bapa dina harti indung bapa sacara 
biologis. Naha bener kitu..?
Indung biasa disebut anu jadi papayung, indung anu jadi panyalindungan, indung 
anu jadi tempat panyaluuhan, indung anu mere tuduh jalan, sedengkeun papayung, 
panyalindungan, panyaluuhan, tuduh jalan bisa oge disebut agama, jadi lamun 
kecap indung dina baris mimiti : jung geura nyiar indung diganti jadi jung 
geura nyiar (neangan) agama (tah ieu meureun harti injeuman tina kecap indung 
teh)
agama nu matak moal kaduhung (kudu agama nu bener)
sanajan ngaderes (maca) kitab agamana jeung acong-acongan nyembah ka gusti moal 
kapanggih, maol aya barokah, lamun teu muja (ngahormat) ka indung jeung bapa.
Indung jeung bapa, didieu bisa enya-enya indung jeung bapa (sacara biologis), 
atawa bisa bae ka kolot, kokolot, karuhun, ngan biasana anu diinget ngan ukur 
nepi ka aki, buyut bao janggawareng gantungsiwur jste mah sok teu nyaho 
jujutanana.
Jadi baris ka 3 jeung baris ka 4, kapanggih koncina, nyaeta kudu muja ka indung 
jeung bapa, lamun teu mopohokeun indung jeung bapa sagala tulisan jeung tapak 
oge bakal kapanggih hartina, bakal karasa mangpaatna, teu kudu hariwang tulisan 
jeung basa naon oge bakal kapanggih kasurtianana, bakal panggih jeung pangeran.
 
Dina pada ieu kacida luhungna anu nitah nyiar (neangan) indung (agama), saha 
atuh anu nitah teh...?
Kapanggihna dina pada 2, nyaeta "ngaing".
 
Pada 2 :
 
baris 1 : da ngaing moal nyoraan komo jeung harewos.
Teu aya katerangan saha atuh ari ngaing teh, jeung memang teu perlu dipaluruh 
eta hak nu nyieun ieu tulisan.
dina ieu baris sang ngaing geus mere beja moal nyoara ( moal ngomong) komo bari 
jeung ngaharewos, ari makna ngaharewos biasana beja anu teu umum, sigana sang 
ngaing surti lamun ngaharewos sok sieun aya nu nafsirkeun kana hal anu teu 
hade, Leuwih alus teu nyoara, teu mere iber, teu mere pangumuman, ngan ukur 
nitah )nyiar) dina pada anu luhur.
 
baris 2 : boroning nyalukan
teu ngaharewos, teu nyoara, atuh komo lamun nyalukan (ngageroan), jadi bener 
bener balem, ceuk paribasa Indonesia mah "diam itu emas".
 
baris 3 : lain ngaing rek menta mulang tarima
Dina baris ieu bisa bae nyurahan teh geus euweuh pamenta deui, geus euweuh nu 
jadi udagan, hartina bisa bae geus jejem dina kaayaan makom anu luhung anu teu 
perlu deui ku pamulang tarima ti papada manusa.
 
baris 4 : ka nyaah,ka deudeuh aniking (maksudna anaking?)
katingalina pangna nu dilakonan diluhur (dina baris di luhur) bakating ku nyaah 
tur deudeuh ka anaking, anak aing, anak didieu bisa dibaca sakabeh turunan
 
baris 5 : ngaing mah duaan ti ka anggangan 
kecap duaan sigana salah nulis tapi kuduna du'a, lain duaan dina harti dobel, 2 
jalma, tapi du'a atawa doa nu hartina munajat ka yang agung.
Ieu kaluhungan sang ngaing beuki nembrak, tembres kaciri kanyaahna keur anak 
turunan, teu pandang naon agemanana (saluyu jeung pada 1 , anu nitah nyiar 
indung)
 
Pada 3
 
baris 1 : numantak maraneh sing eling jeung waspada
eling jeung waspada hartina iatna, kudu tetep inget ka gusti bari jeung waspada 
nyanghareupan hirup kalawan huripna
 
baris 2 : ngaing bakal ngadeheusan (maksudna ngadeuheusan) anaking,tapi kanu
ngadeuheus, hartina datang paadu hareupan, silih teuteup antara nu datang jeung 
nu didatangan. Sigana ieu ge siloka, lamun posisi sang ngaing geus tilar dunya, 
geus aya di alam kalanggengan, paadu hareupan moal bisa, tapi sigana ieu mah 
dina palsapah hirup, sagala rupa pituah atawa aturan anu kungsi ditepikeun dina 
mangsa jumeneng keneh kudu di baca diregepkeun tur dipelajari kalawan 
sagemblengna, nepi ka aya rasa paadu hareupan, tapi pikeun nepi kadinya kudu 
ngaliwatan heula saratna nyaeta dina baris ka 3.

baris 3 : ceurik dina lisung,kanu macul bari menta.
Datangna sang ngaing, bakal manggihan nu ceurik dina lisung kanu macul bari 
menta.
Lisung, nyaeta alat keur nutu beas, papasanganana jeung halu. Lisung bisa 
dihartikeun jeung kabutuh sapopoe, saha atuh ceurik dina lisung, nyaeta jalma 
anu ngarti kana kaayaan diri, lamun lubak libuk ku harta kudu nyaho timana 
datangna harta, lamun kekerehet kudu nyaho pangna kekerehet, didieu aya 
kasadaran lamun nu loba harta kudu mere maweh kanu butuh. Ceurik dihartikeun 
lain ceurik sabenerna tapi ceurik ngarti kana posisi diri.Lubak libuk harta 
euweuh hartina lamun sakadar songong ku lubak libukna, lamun sombong ku 
kakayaan, harta mah ngan ukur keur didunya, nu dibawa maot ngan ukur amal.
Macul bari menta, hartina macul (digawe) teh kudu ngarti kana naon anu keur 
dipigawe, lamun ngan sakadar gawe hasilna ukur cape, tapi kudu bari menta, 
menta hartina ngadoa, munajat kanu mere hirup, sangkan gawe teh dibarengan ku 
ibadah lain bae keur kamaslahatan diri sorangan tapi bari keur kamaslahatan 
balarea. Sagala rupa anu dipigawe kudu dipikir heula antara mangpaat jeung 
mudorotna, ulah ngan sakadar gawe tapi kudu ngarti akibat akibatna.
 
Pada 4
 
baris 1 : ngaraku mah anaking..kabeh ge,
Ceuk implengan sang ngaing, sakabeh seuweu siwina anu geus boga rupa rupa 
ageman (agama) tetep diaku anaking, diaku anak aing, teu piwilah-wilah. Diieu 
boga harti anak dibere kabebasan dina milih ageman hirup, lantaran anak lamun 
geus sawawa geus teu disebut anak atawa budak leutik deui, ku sikep boga 
pamilih nu dihargaan pisan. Sang ngaing geus boga sikep demokrasi, pamilih anak 
teu disalahkeun tapi dijujurkeun, dibere kalonggaran keur ngambah kahirupan sok 
sanajan beda ageman.
Leuwih tembres dina baris ka 2

baris 2 : jol..datang dengeun di araku di mumule.
Harti deungeun, nyaeta lain nu urang, asing. Tapi sok sanajan kitu tetep 
dimumule, dimumule hartina dibere tempat kalawan sawajarna, dibere tempat keur 
ngamekarkeun diri. Sang ngaing "jembar manah" tur sadar dunya teh lega, sakabeh 
pamadegan wajib diaku jeung dimumule, lantaran sakabeh ge aya dina tataran 
hirup kumbuh manusa, hablum minanas.

baris 3 : nu lain di enya-enya, nu enya dilain-lain.
Dina baris ieu sang ngaing, mere paringetan, dina ngajalankeun ageman (agama) 
nu saluyu jeung pamilihna, kudu bener, ulah nu lain dienya-enya, nu enya 
dilain-lain, maksud dina nyurahan ageman teh ulah ngan sakadar ritual, tapi 
kudu nyosok jero nepi kapanggih enas-enasna eta ageman, ulah ngan sakadar apal 
kulitna wungkul.
Contona dina jaman kiwari, ceuk sasaha ge korupsi teh pagawean haram, ceuk 
agama naon bae korupsi teh pagawean teu bener, di Jawa Barat meh sakabeh ngaku 
religius, tapi naha bet korupsi ge panggedena, tah didieu hartina nu lain di 
enya-enya, nu enya dilain-lain.
Ieu kaayaan geus dibere paringetan ku sang ngaing, ulah kitu kalakuan. Sabab 
akibatna bakal teu bener, siga digambarkeun dina baris ka 4.

baris 4 : nalungtak di jero imah,budak sing koceak
nalungtak ( nalungtik, nalaktak, ngaluangkeun matak) di jero imah, sok sanajan 
bru di juru, bro di panto, ngalayah di tengah imah, pakaya sagala aya, 
kabeungharan, kakayaan, moal jadi mangpaat lamun hasil tina curaling, moal 
mangfaat lamun hasil tina korupsi.
Harti budak sing (ting) koceak, ting koceak, ngajarerit, bisa jadi bakat ku 
sieun atawa bakat ku teu panuju. Budak leutik teh lir lambaran keretas anu 
bodas, anu teu ngabogaan dosa, barang brol budak lahir, rek dijieun kumaha oge 
kumaha kolotna, naha rek dijieun majusi, nasrani atawa naon bae gumantung ka 
kolotna.
Tangtu lamun ieu budak ku kolotna dibayuan ku harta meunang basilat, ku 
kakayaan meunang korupsi, tangtu bakal moal narima, tangtu moal rido. Lamun 
kongang meureun eta budak bakal baruntak, bakal ngajerit maratan langit, bakal 
ngoceak, bakal nganaha-naha ka kolotna, naha hirup dibayuan ku pakaya meunang 
basilat.
 
Pada 5
 
baris 1 : dipepenta di gusti-gusti
Sikep religius ulah ngan kulitna wungkul, kudu enya enya neuleumanana nepi ka 
kapanggih intina siga nu digambarkeun dina baris ka 2

 
baris 2 : sangkan kapanggih jeung nu boga hirup
sangkan kapanggih jeung nu boga hirup, saha atuh nu boga hirup, nya Anjeuna, 
mover unmover, penggerak utama anu teu digerakeun ku sasaha, anu ngagaduhan 
kecap kun fayakun.

baris 3 : lain deui lain deui,da bongan nu jadi lantaran
Dina prakna sapopoe ulah lain deui lain deui, ulah siga patojaiahna antara 
sikep religius jeung prak-prakan hirup sapopoe nu pinuh ku khurafat (kecap 
asalna kharifa anu hartina ngadongeng nu teu pararuguh, jadi khurafat teh 
dongeng-dongeng gaib nu teu puguh sumberna), kitu deui dina sikep diri ulah 
midua hate, lamun ceuk agama teu meunang dilakonan nya ulah dilakonan, korupsi 
teu meunang, ulah dilemeskeun (eufimism) jadi narima kadeudeuh, lantaran naon 
ieu teh?, nya lantaran nu disebut dina baris ka 4.

baris 4 : batu hideung di pi gusti.
Batu hideung simbol kadunyaan, sagala nu jadi ukuran ukur dunya barana, ukur 
kakayaan, sababna disebut kadunyaan lantaran batu hideung katempo junggiringna.
Naha bet batu hideung, tah didieu sang ngaing lega ambahanana, lantaran ku 
nyebutkeun batu hideung sakabeh agama gede kababad, dina Islam aya hajar aswad, 
dina agama Budha aya patungna, dina agama Hindu aya patungna, dina agama 
Nasrani (katolik) aya patungna. Sok sanajan lamun ditanya tangtu jawabanana 
lain migusti ka junggiringanana patung, komo deui dina Islam da hajar aswad mah 
lain patung, lain nu dipigusti.
 
Balik deui kana judul Neang Kamelang (duka teuing ieu judul teh ti sang ngaing 
atawa ti anu nuliskeunana), urang anggap we ti sang ngaing, nya bisa jadi aya 
kamelang lamun ningali kaayaan ayeuna, utamana dina kahirupan beragama, gues 
loba tetekon anu dirempak (contona korupsi tadi).
Ieu puisi (anggap we puisi) bisa disebut puisi anu ngritik kaayaan 
kiwari.Intina tina ieu puisi nu mimiti sang ngaing mere kabebasan ka seuweu 
siwina rek ngagem naon bae, ngan lamun geus netepkeun hiji ageman kudu 
dijalankeun kalawan enya-enya
Pamungkas, lamun bener mangga diaku bener, lamun salah teu kudu hese langsung 
didelete sajah.
Ngan aya pertanyaan saha atuh ari "ngaing", weleh teu kapanggih, jadi ucapna 
iwal ti Wallohua'lam.
Cag ah.
 
MSasmita.
 
 
----- Original Message ----- 
From: "Niskala Senja" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Cc: <[email protected]>
Sent: Friday, March 02, 2007 12:48 AM
Subject: [Urang Sunda] TANGTUNG SUNDA BUANA


> NEANG KAMELANG
> 
> jug,geura nyiar indung
> numantak moal kaduhung
> tutulis moal panggih jeung nu surti
> tatapak moal panggih jeung pangeran
> lamun teu muja ka indung jeung bapa.
> 
> da,ngaing moal nyoraan komo jeung harewos
> boroning nyalukan.
> lain ngaing rek menta mulang tarima 
> ka nyaah,ka deudeuh aniking.
> ngaing mah duaan ti ka anggangan 
> 
> numantak maraneh sing eling jeung waspada
> ngaing bakal ngadeheusan anaking,tapi kanu
> ceurik dina lisung,kanu macul bari menta.
> 
> ngaraku mah anaking..kabeh ge,
> jol..datang dengeun di araku di mumule.
> nu lain di enya-enya, nu enya dilain-lain.
> nalungtak di jero imah,budak sing koceak
> 
> dipepenta di gusti-gusti
> sangkan kapanggih jeung nu boga hirup
> lain deui lain deui,da bongan nu jadi lantaran 
> batu hideung di pi gusti.
>            ***
> 
> Kalla S.
> 

Kirim email ke