Ngiringan ngadongeng, hoyong nganggo basa cohag ah* Kadenge keneh dina ceuli kuring sora Mang Jaya (dongeng Sunda di radio taun 80an) nu halimpu*"Pamiarsa, cing Lagu naon nu pangraosna?"... "Moal enya teu aya nu terang?..." tanya Mang Jaya sakali deui. Mun seug jaman ayeuna pasti krung-kring nu ngajawab make telepon, hanjakal haritamah baroraah telepon*paling ge ukur ku seeng heheh* "Lagu Nganjuk! Pamiarsa*hehehe*". Dijawab ku Mang Jaya sorangan. Bener mun dipikir, Lagu Nganjuk teh lagu nu pangeunah-ngeunahna. Lagu mayarnamah huk-hék...tibabaranting sagala diketrukeun, ti nu badag nepi kanu bubuk. Teu mahi, mbung atawa teu boga keur mayar, kapaksa ciga budak leutik, ulin ucing sumput jeung nu nagih. Keur urang Indonesia mah, ngahutang teh geus jadi sakulit sadaging komo ieu mah ngahutangna ka nagri batur nu teing iraha lunasna, wariskeueun jaga ka anak incu. Ari keur urang Sunda mah, ceuk kolot baheula ieu ge, nganjuk teh diluluguan ku urang Tasik. Cik geura titenan lolobana tukang ngiridit/nganjukkeun teh urang Tasik pan? Jeung geus kawentar kamana-mana di sakuliah lemah cai yen mana-mana urang Tasik, pasti Tukang Kiridit* (harrr maksa ieu mah, pis ah ka urang Tasik heheh). Issshh* ketang, matak manganjukkeun ge urang Tasik mah balaleunghar.
Jaman kiwari, nganjuk teh meuni babari, malahmah diteangan ku bank nu hayang nganjukna ge. Nyieunna babari kari ngeusian formulir, mun gajih teu mahi kari diakalan (sssstttt*eta ge dititah ku sales kartu kiriditna), nungguan sakeudeung, jadi weh kartu ajaib. Ngan saukur ngabogaan hiji plastik sagede KTP kari "digesekkeun"* (Sundana?Didaliskeun kituw?) simsalabim! sagala nu dipikahayang kacumponan. Mindeng kuring naek angkot, digigireun aya awewe geulis, ni ginding. Pas rek mayar ongkos ka kenek*Gusti! Eta kartu kiridit meuni naratay dina loketna, sugan mah unggal bank dianjukkan. Jadi inget ka babaturan nu ngabogaan loket nu eusina ciga kitu. Watir, hirupna diudag-udag nepi ka kantor sagala, antukna kaluar gawe. Telepon imahna dipegatkeun, ganti no HP, ampir-ampiran pepegatan jeung salakina, cigana teh hirupna teu tumaninah. Teu hiji dua babaturan nu kitu teh teh*loba. Malahmah babaturan adi kuring, ngahaja kaluar ti pagaweanana, pesangonna keur nutupan urut kartu kiridit. Pindah gawe ka Tangerang, pausahaanana kalahka bangkrut. Aya deui nu nepi ka ngajual imah*Naudzubillahimindzalik! Alhamdulillah, saumur gumelah kuring can kungsi boga nu ngarana kartu kiridit (makena ge teu nyaho-nyaho acan, tapi mun ningali mah osok, digesek, trus ditandatangan). Salian ti ningali nu jadi babaturan loba nu jadi sangsara balangsak, kuring inget mun kaburu paeh teu bisa mayar hutang kumaha? Karunya kanu hirup*Barinage, keur nanahaon ari teu perlu-perlu teuing mah, sanajan diteleponan we ku sales kartu kiridit, meus-meus kring ti bank itu*meus-meus kring ti bank ieu. Sakapeung mah bari maksa tea, ditembalan rada heuras,"Kalau begitu Bapak maksa saya untuk hidup konsumtif dong* Maaf, Pak saya tidak butuh kartu kridit!". Tong boro kuring, najan adi kuring nu geus garawe ge teu kabaritaeun nyieun kartu kiridit. Masing kapi adi ge di kulawarga kuring mah sok silih mapatahan, kamari basa adi kuring nu ti Jawa Timur ka Bandung mapatahan soal ngahutang alias nganjuk. Ceunah : Sah-sah we urang ngahutang tapi kudu aya ancona keur mayar, jelasnamah kudu DISIPLIN KANU HUTANG*meh dibere ngahutang deui heheh. Da, jaman kiwari mah mun hayang nanaon ari teu ngahutang mah moal boga nanaon. Heug deuih ngahutang ge kudu ningali heula, contona ngiridit imah, tanah, motor/mobil, nu sakirana teu ari tong dipaksakeun, komo bari keur foya-foya mah. Indung kuring sok reueus ka manehna, rikrik gemi, bisa ngeureut neundeun ceunah. Enya oge mun dipikir leutik-leutik geus boga sagala, malahmah babaturanana loba nu nyangka korupsi. "Ke heula anan, teu sudi teuing make duit korupsi! Barinage naon nu dikoruspsi keur pagawe leutik ciga kuring?" ceuk manehna. Sakapeung kuring ngacungkeun dua indung leungeun ka manehna bakat ku hayang beunghar. Sakapeung kuring ge sok karunya, daharna teh ngan saukur jeung kuah meong, karunya alo kuring bisa2 kurang gizi heheh. Tapi manehna wijaksana oge, keur alo kuring mah gizi masih keneh pangheulana*.Alhamdulillah. Dina hiji poe : "Urang jaralan-jalan yuk, loba diskon geura sugan we meunang nu alus, balikna urang ka restoran Jepang*" ceuk hiji babaturan kuring balik gawe. "Mbung ah, teu boga duit da can gajihan jaba tanggal kolot deuih keur meujeuhna paceklik kieu boro-boro hayang balanja" tembal kuring. "Ih, maneh mah ni kampungan, atuh make kartu kiridit kari "ngagesek" moal enya wayah kieu teu boga kartu kiridit?... "Nyaan uing mah teu boga kartu kiridit", tembal kuring deui. "Wani naon sok *?!" ceuk manehna keukeuh bari nyureng. "Wani*.wani*.(duh, naon nya? wani medu mah mindeng teuing*tah karek inget*) "WANI PEOT HULU!*(inget ka dulur kuring mun keur heureuy). ro2 sieunkuhutang >>> [EMAIL PROTECTED] 03/14/07 01:49PM >>> Nyaan. Daek medu. Hayang pisan euruen KK teh. Tapi kumaha, da loba keneh kabutuh anu teu cumpon. Nya akhirna ngagilir-gilir we. Ke mun tos lunas sadaya, rek digunting (eh moal ketang lah) bisi we butuh. hehe baktos tantan

