Haturan Ua Engke ku kuring dipilari di tempat "peperenian" aya teu kamus Palaung-Inggris teh. Jadi ngiring panasaran..... Basa kamari ningali hasil "panalungtikan" Pa Inotji nu ngababandingkeun kecap-kecap basa Sunda jeung basa Maori, anjeunna kenging welasan kecap nu sarua atawa meh sarua, boh dina harti, oge dina cara ngalafalkeunana. Kitu oge basa Sunda jeung basa Dayak, rea nu sarua. Komo bas Sunda disandingkeun jeung basa Bali mah, tambah rea deui nu sarua kecap-kecapna teh. Ceuk hiji teori, bahasa Austronesia, nu jadi cikal bakal bahasa di nusantara jeung sabudeureunana, baheula sebaranna ti kawit Madagaskar dugi ka kapuloan Pasifik. Matakna teu pati aneh mun seueur kecap-kecap nu meh sarua jeung bahasa urang sabrang. Baktos, pun hendra
MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote: --------------------------------- Be a PS3 game guru. Get your game face on with the latest PS3 news and previews at Yahoo! Games.

