Eta teh wetaneun kebonjati, untung we dahar buburna peuntaseun hotel Trio, mun
tukangeun Hotel Trio mah , an cilaka.
Reka Gayantika <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Eta teh ti wewengkon
Gardujati mang,,, Hehehe...
-Bohay-
On 18/03/07, AA misan <[EMAIL PROTECTED] > wrote: Ieu mah
pangalaman simkuring malem Minggu kamari.
Balik nganjang ti lanceuk di Jalan Cibadak, ba'da magrib
ngahaja nikreuh ka Gardujati ka tukang bubur hayam
peuntaseun Hotel Trio. Gek diuk bari mesen ka si emang
sing loba saledrina. Teu lila jol budak ngora duaan, anak
babah.Si emang bubur ukur ngareret, jigana mah nu duaan
teh geus ngalanggan.
"Aing perlu citban." Ceuk nu sa urang bari ngalaan arlojina
bari song dibikeun ka babaturana."Cenah sia butuh arloji."
"Barang jiga kieu kudu citban ? Tapi cincay lah.Ka babaturan
ieuh." Tembal nu hiji deui bari ngasongkeun duit.
"Nya jeung saha deui kudu silih tulung mun lain jeung hopeng.
Harga sakitu mah cengli. Kamsya." Ceuk nu ngajual arloji
bangun nu bungah bari cecelebekan kana buburna.
Tah kitu, baraya.
Mun teu salah mah citban teh hartina 70 rebu, cincay hartina
wajar. Ari hopeng ? Meureun hartina sobat. Cengli =wajar/aturan.
Kamsya=SyeSye=Hatur nuhun .
Tah ari Sunda kieu kaasup 'wewengkon' timana ?
Ah ieu tamba iseng. Tapi da emang babasaan 'kitu' teh aya.
Misan .
---------------------------------
The fish are biting.
Get more visitors on your site using Yahoo! Search Marketing.
---------------------------------
Never miss an email again!
Yahoo! Toolbar alerts you the instant new Mail arrives. Check it out.