Wargi kusnet, ari poe saptu jeung ahad teh kusnet biasana sok rehe nya. Kunaon tah ? Bisa wae : 1. Nandakeun warga kusnet saribuk jeung urusan kulawarga masing masing. Aya nu ka luar kota, aya nu ka lembur, aya nu ka gunung , aya nu ka laut ( eh jadi lain maksudna), aya nu sibuk beberes imah, aya nu ka moll, aya awe anu nuluykeun ngimpina ba'da shalat subuh. 2. Nandakeun yen salila ieu nginternetna atawa ngimelna ngagunakeun fasilitas kantor ( kumaha tah ceuk teh/kang Ely, leres kawasna pamendak salira teh). Sok ngaku saha wae anu sok ngagunakeun fasilitas kantor?. Tapi ketang ngagunakeun fasilitas kantor ge aya anu dimeunangkeun jeung aya oge nu teu dimeunangkeun ku aturan managemenna . Kumaha kantorna we lain ?. Sok ah ramekeun deui
--------------------------------- Now that's room service! Choose from over 150,000 hotels in 45,000 destinations on Yahoo! Travel to find your fit.

