he...he....tibaheula topik sareng waleran nana teu benten2. balik deui balik
deui.

Tapi ti abdi mah, kanggo bu elly, ieu mah ngemutan wungkul, katampi syukur
teu katampi oge teu sawios2.
Langkung sae upami teu nyabit2 identitas diri batur anu sipatna privasi.
Komo ngajejeleh/ngeyel nami identitas batur. Atuh ngadu kaleci anu sanes na
mah mangga tug dugi utah uger oge ceuk paribasana oge.
Nu penting saluyu sareng undang-undang nu berlaku sareng katentuan nu
berlaku boh tertulis atanapi teu katulis, meureun eta ogeh, he...he...

Salam sayang kanggo bu elly, he...he...keun wae jalu oge.

Baktos,
Runa Inawan - Bogor

On 3/26/07, Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Nyambit-nyambit masalah/identitas/karakter pribadi rohangan publik tangtos
tos teu sae. Et matak nyasabkeun utamina kanu tacan kenal/apal. Eta mah
kumaha kuncen bae tindakanana supaya milis tetap aya dina etika jeung
aturanana. Saena mah difilter we heula atuh.

salam
JP

*waluya56 <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:

Tah ...."Ny. Muslim bin Mustikawati" ala Kusnet kaluar deui. Terang
henteu "Ny. Muslim bin Mustikawati"? di millis2 bahasa Indonesia,
aran ieu geus teu bireuk deui. Loba nu katipu, da tulisanana siga nu
heueuh. Kadang2 ngagogoreng Islam, geus kitu ngagogoreng Indonesia,
tapi Kristen oge teu kaliwat digogoreng. Lamun teu salah mah, kungsi
aya anggota Kusnet nu "kaduruk hatena", pedah ceukk posting " Ny.
Muslim", Borobudur rek dibongkar. Gaya tulisan ELY EVALITA oge ampir
sarua, Narcist cenah ceuk Teh Ligya mah. ELY EVALITA ngaku jalan-
jalan ka Amerika, Ny. Muslim oge ngaku cicing di Amerika.

Naon sababna kuring protes? kahijina manehna nyigeung kuring (lain
psotingan ieu wae, geus sababaraha kali), bari kuring teu wanoh
saeutik-eutik acan. Manehna oge teu apaleun ka kuring, da make
nyebut kuring guru Fisika sagala. Kitu deui ka Ua Siddik, nu sacara
kurang ajar disebut hayang jadi pejabat. Saha nu teu kasigeung
diomongkeun dirohangan publik jiga kitu? Teu sadayana urang KUSNET
apal ka kuring atawa ka Ua Siddik, bisa wae aya nu percaya.
Ngawurkeun fitnah pan eta teh namina?

Kaduana, tulisan ELY EVALITA, loba ngawur, teu puguh. Tulisanana
ngaguruan (menggurui) batur. Manehna guru, nu maca murid nu belegug
kabeh. Lamun padungdengan, heug kasedekeun, jalma kieu, biasana lain
neangan argumen anu leuwih kuat keur pamandegan manehna, tapi terus
nyerang pribadi nu diajak padungdengan (bari teu apal saha nu diajak
padungdengan teh).

Tah eta alesan2 kuring teh. Eta mah nyanggakeun we ka para Kuncen,
naha bade diantep wae, sina millis rame, saperti millis2 bahasa
Indonesia, nu ngantep Ny. Muslim bin Mustikawati ngacapruks kamana-
mendi atawa difilter heula, margi ari Kusnet mah (ieu mah ceuk
kuring) rada beda, lain millis keur silih segag ngaguar-guar
kagorengan pribadi masing2.

Hampura ...bisi salah kecap.

Baktos,
WALUYA

--- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>, ely
evalita <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Aduh nyaan yeuh, tetela geuning akang-akang anu karasep mah sunda
pituin atawa sunda jaman baheula anu resep dipuji, mun dipuji tea
sor sagala dipasihkeun.




Makarya Mawa Raharja

------------------------------
Bored stiff? <http://us.rd.yahoo.com/evt=49935/*http://games.yahoo.com>Loosen 
up...
Download and play hundreds of games for 
free<http://us.rd.yahoo.com/evt=49935/*http://games.yahoo.com>on Yahoo! Games.





--
::ri_1::
Hompage : http://inawan.blogspot.com
                http://inawan.blogs.friendster.com
Mobile     : +62-818-109410
www.urang-sunda.or.id.
su.wikipedia.org
[email protected]
[EMAIL PROTECTED]
urangtasik.multiply.com
inawan.multiply.com

Kirim email ke