Ieu kunaon Kang Ely teh? Prustasi kitu? hahaha... Ngaguar2 masalah jeung pabaliutna kaayaan urang mah tos seueur pisan nu tiasa, leuwih rapih jeung sopan deuih. Salangkah ka hareup atuh Kang, pedar kumaha jalan kaluarna ceuk Akang, bae najan teoritis oge. Samemeh nitah batur nu mikir, sok prung Akang kokojoan mikir heula.
Mun teu kitu, keur naon diwaro. Komo mun make bungbu subat-sabit masalah pribadi, teu etis tur ngamatakkeun batur arambek. Pan beak waktu teu puguh jadina, atawa ngahaja? haha baktos yudi --- In [email protected], ely evalita <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Sampurasun, wilujeng weungi warga USNET umumna, > > Atuh teu hilap ka kang Waluya nu ngagugulung wae buku fisika bari jeung teu pinter-pinter, atuh ka teh Ika anu buburuh nepi kasubuh kuli nepi ka wanci janari untuk sesuap nasi, ka Ambu anu asli bumen-bumen didaerah bronx na bandung oge anu sok malipir daerah kumuh, kucel, kumel daerah Cicadas, Sukaluyu, Cihaurgeulis, Cicaheum, oge teu hilap akang anu nuju sakola adminsitrasi diluar negri anu engkena janten MBA (Master Bari Andekak), atuh ka nonoman sunda nu karasep anu gareulis, anu mahasiswa anu mahasiswi, anu ngalanggur mang taun-taun anu resep mukaan www.lalatX.com, nya kitu oge anu pentingnamah ka kang Sidik anu obsesina palay janten pejabat, duh cape yeuh ditataan hiji-hijimah, kasadayana we urang Sunda nu pangangguran lebet ieu milist. Pribados bade ngadongeng, kieu dongengna. > > Bahasa Inggris teh dijaman kimari jadi bahasa anu paling penting, sabab jadi hiji alat komunikasi verbal anu paling canggih, paling gampang, kusabab kitu sok ayeunamah urang sunda teh beralih ka basa Inggris supaya basa inggris paling heunteu jadi basa kadua saeunggeus basa Indonesia. > > Ari basa sunda dimana ayana ? Tong sieun baraya, basa sundama otomatis matri dina diri orang Sunda,pasti dipake dina komunikasi sabangsana, artina teu kudu dipelajari deui da etamah otomatis napel dina letah. Jeung deui geus teu jamana make basa Sunda anu undak usukna matak ngaripuhkeun anu make, anu jelasmah anu otomatis napel kana diri teh basa Sunda anu basajan. Jadi lamun hayang basa sunda dipakai dina basa pergaulan luas ditatar sunda, justru kudu terus disaderhanakeun, supaya ceuk jawanamah "Kromo ingggilna" heunteu dominan. Nu pentingna mah sakali orang Sunda kamana wae pasti ngomong sunda jeung baturna. > > Balik deui kana basa Inggris, basa inggris teh keur kahirupan modern bener-bener unggul, contona we, hiji awewe orang sunda anu jadi babu di mancanagara modalna hiji nya kudu bisa basa Inggris, bayangkeun ku bisana basa Inggris manehna bisa naekeun harga jual, tina ngababu di orang sunda deui nu ngan dibayar 250 rebu perak sabulan, atawa di orang cina anu dibayar 500 rebu perak sabulan, waktu ngababu di Amerika bisa dibayar US $ 8/sajam kira-kira US $ 1000/bulan kira-kira 9 juta perak sabulan. > > Loba contona pentingna basa inggris teh. > > Kang Ibing orang Bandung moal bisa diundang jadi penceramah agama di Sindey Australia lamun bisana ngan bisa basa sunda, tapi manehna kapaksa kudu bisa basa Inggris, mangga taroskeun ka kang Ibing atuh. > > Atuh Mohamad Joban disingkat M Joban, asli orang Sunda, orang pasar rebo Purwakarta, anjeuna bubuara di Amerika tos aya belasan tahun (pemegang Green Card), ayeuna anjeuna janten Presiden of Imam and Fatwa for Wasighton State oge modalnya nya basa Inggris. tapi basa Sundana teu leungit. Kantos sakali abdi ngadangukeun ceramahna di hiji lapangan Seattle, WA. jamaahna nya bermacam-macam. Basa inggrisna norolang, tapi saatos ceramahmah, abdi nepangkeun yen abdi orang Bandung anu nuju jalan-jalan ngalongok pun lanceuk, der teh anjeuna nyarios nganggo sunda Purwakartaan anu norolang, eh tidinya der limaan genepan, tujuhan jadi belasan anu ngariung ngobrol basa Sunda, malah der hiji, dua tilu bule-bule USA ngabodor cenah abdi oge Urang Sukabumi Asli (USA), matak kayungyun bule ngabodor make basa sunda, kutan teh manehna tahunan di Sukabumi (janten peneliti geologi, deur meunangkeun urang sukabumi, putra-putrana oge basa sundana teu goreng-goreng teuing, nu hebatnamah perpaduan > USA + Sukabumi teh menghasilkan Indo nu geulis tur kasep). Duh matak waas di hiji lapangan di ujung dunya anu tiis, masyarakatna ngobrol basa sunda, make terus bobodoran khas sunda tea anu rada jorang, > > Atuh upami para wargi palay uninga M Joban orang pasar rebo anu janten da'i di USA anu janten President of Imam sanaga bagia WA, mangga we search di yahoo/google nganggo "M Joban Seattle", jamaahna dugi ka Houston anu jauhna rebuan mil ti Seattle. Ajeuna sukses "menunjukan bahwa ada Islam" didunia ini. > > Balik deui kana basa Inggris. > > Basa Inggris memang kacida peuntingna keur urang sunda anu hayang muka diri kana pengetahuan, sabab urang teu cukup diajar di bandung di UPI (Universitas Padahal IKIP) atawa di Universitas Garut, lamun ngelmuna ngandelkeun tipaguron model kitu wungkul atawa didinya wungkul bisa dipastikeun elmuna nya kitu-kitu wae, UPI, Universitas Siliwangi, Universitas Garut jeung sajabana ngan ngahasilkeun nonoman beban nagara. Lamun urang kitu wae tong salah lamun hasilna nya masyarakatna jiga kieu, ngaligeuh euweuh gawe, ngan ngahasilkeun pangangguran tiap tahun, atuh antukna nya prustasi nya balik deui jadi ngored ata ngebon cara tradisional tea. Atuh pejabatna paling luhur jiga kang Sidik anu kurung batok, anu teu bisa mencar (basa budak ayeunama Creative and Inovative), anu teu leuwih ti jadi pejabat jaman samemehna nyaeta jelema loba kasieun, saurna oge ka atasan teh kumaha bapa we anu pentingmah abdi tiasa emam, naek pangkat terus jeung teu dipecat, tujuana engke meunang pensiun > di usia 55 - 63 tahun (kitu pan jadi pegawai negrimah). > > Basa Inggris, asupkeun kana kurikulum SD, guruna tong sieun, di Bandungmah pabalatak, eta lulusan UPI anu ngalanggur pabuih, meuning titah ngajar SD di desa-desa, maranehna Insya Allah daraekeun dibayar UMR oge, daripada ngaligeuh atawa ngajentul hareupeun hawu atawa surfing lalatX.com. > > Ti mana mayarna ? Tah ieu bagian ka Sidik anu mikirna lamun hayang ningkatkeun diri jadi pejabat anu Creative and Inovative. Emut saderek Jawabarat teh sumber uang. Di Jawabarat tempat ngumpulan jelema beunghar anu koret, medit, meregehese. Sok atuh bagian kang Sidik eh punten, maksad teh bagian pejabat sapertos ka Sidik anu ngorehan timana sumber dananya ti jalmi baleunghar tea dalam bentuk pajak . Omat kang ulah baramaen ti pemerentah pusat, sabab etateh duit upeti ti Propinsi luar jawa anu diperes anu kabeneran masyarakatna ayeuna masih leuwih barodona ti urang sunda, jadi can berkutik diperes ku pemerintah pusat teh. karunya lah. > > Abdimah resep lamun ninggali USA, Inggris, Australi, Jerman jsb. Sakola teh gratis pisan, jadi sakabeh anggauta masyarakat meunang hak anu sarua keur minterkeun diri, jadi boga kasempetan anu sarua keur ningkatkeun harga jualna, jumlah sakola oge teu loba, sacukupna keur masayrakatna. > > Iraha di Jawabarat jiga kieu nya ? > > Anu bingungmah di Jawabarat Sakola durder mencengis jiga suung, lain lapangan kerja anu dibangun teh, kudunamah industri anu dibangun kalah ieumah sakolana heula, padahal sakolamah otomatis mecenghul lamun setiap masyarakatna digawe. Ieu geura contona di garut aya Universitas, teu kabayang hasilna sarjanana jiga kumaha ? ITB wae anu kahot panghadena sa Indonesia oge ngan nepi ka urutan 250 dinya ukuran dunyamah. Tapi lain eta anu pentingnamah, keun we berdirimah da enggeus, artina ngajieun lapangan kerja keur para lulusan PT anu rada OK, anu harayang jaragi guru di paguron luhur, keun we di paguron asal jadi oge. Atuh ayeunamah urang mikir kahareupna ieu alumnina rek dikumahakeun, elmuna ngan sakitu-kituna, ngan sadiberena di pagurona, bari teu maca sumber aslina dan teu becus basa inggris tea. Naha ieu lulusan dititah ngarangon meri wae kitu atawa jaradi anggauta DPRD atawa jaradi pagawe pemda. > > Atuh sakieu heula we pancinganana, cing sugan aya warga USNET anu mikir .......... > > Insya Allah sasih payun pribados tos tiasa ngangganggu deui warga USNET anu pangangguran tea. > > wass > Elly Evalita. > > > > ____________________________________________________________________________________ > Never miss an email again! > Yahoo! Toolbar alerts you the instant new Mail arrives. > http://tools.search.yahoo.com/toolbar/features/mail/ >

