Anggota DPR I

Hiji mangsa aya anggota DPR keur nyobaan komputer
laptop, jatah pembagian salaku anggota Dewan. Jigana
eta anggota DPR teh masih gaptek (gagap teknologi).
diutak atik laptopna teu aya gambarna. Atuh kapaksa
nelepon ka pausahaan anu nyadiakeun laptop eta.
Dijawab ku Customer Service (CS) laptop.

Anggota DPR:"Kumaha yeuh laptopna teu jalan"
CS Laptop:" maksadna?"
Anggota DPR:"Laptopna teu hirup"
CS Laptop:"Tombol powerna tos dipencet??
Anggota DPR:"Beulah mana nya?"



Anggota DPR II

Anggota DPR:"Neng, kuring teh rek nyobaan ngakses
internet, geuning teu bisa, kunaon nya?"
CS Laptop:"Kunoan teu tiasa Pa?"
Anggota DPR:"Kuring ngetik www.playboy.com, gambarna
teu kaluar"
CS Laptop:"Bapa, koneksi internetna, dial up atanapi
hotspot?"
Anggota DPR:"Make gambar anu aya tulisan e" (maksudnya
internet eksplorer)
CS Laptop:"Maksad abdi teh, Bapa langganan internetna
ISP, teras cara koneksi ka internetna ngangge dial up
atanapi hotspot, panginten settingna anu lepat"
Anggota DPR:"Ari ISP teh naon  nya?"
CS Laptop:"Wah, ieu mah atuh 50 x 2 Pa"
Anggota DPR:"Naon eta, neng?"
CS Laptop:"CEPE alias CAPE nerangkeunana!!!"

baktos,

mrachmatrawyani



 
____________________________________________________________________________________
Sucker-punch spam with award-winning protection. 
Try the free Yahoo! Mail Beta.
http://advision.webevents.yahoo.com/mailbeta/features_spam.html

Kirim email ke