Aeh, Kang Dudi*pangsiunan RT nu di Sudan tea nyaa? heheh...nepangkeun abdi Roro.
Muhun ari diemut-emut mah leres, tong sok tulupang-talapung ka batur, da 
anjeuna mung saukur ngiripik saur Kang Toni tea mah*eh, ngiritik. 

Salaku urang Sunda abdi ge nampi kana sagala kritik Teh Ely, urang Sunda teh 
aya awona tapi seueur oge saena, tapi sami sareng Kang Dudi, teu resepna teh 
kana "ngajejeleh" baraya Kusnet jaba ditataan hiji-hiji, hawatos. Mun mending 
leres, mun henteu? Saur Bah Willy tea mah fitnah! Ari saur urang Batawi tea mah 
ka Teh Ely,"Emang, siapa elo?!!! heheh*.

Ari di Sudan aya news dot com teu? Tah, pami siga Aa Pendi (Effendi Gozali) mah 
mangga, dipedar, dipadungdengkeun saena kumaha? Abdi mah kajeun tunduh, unggal 
malem Senen, sok ngahajakeun cinutrung payuneun TiPi nongton eta acara. Ni 
reueus abdi mah *aya urang Sunda siga anjeuna, motekar, nyindiran bin nyepetan 
pamarentah ku ngabodor. Nu ngiritik puguh bungkeuleukanana, PhD deuih*jaba 
bujangan keneh (eh, naha jig-jig kadinya? heheh*)  Kamari ge kantos kenging 
somasi ti gegeden (menkominfo), tapi seueur nu resepeun kana acara ieu, kalebet 
abdi. Acara eta dipuji dugi ka urang luar nagreg, dugi ka aya sababaraha 
setasion TiPi ti luar nagreg nu "ngaliput" acara ieu.

Ku lantaran menkominfo "nyanggakeun" sadaya-daya kaputusan aya di rayat, 
rayatna resepeun, nya teu cios liren. Tah, kumaha supados teu "babaladan" (tos 
gaduh balad sanes? Kang Jalak Pakuan, Kang Toni*saha deui?) antawis nu satuju 
sareng teu satuju "nalapung" Teh Ely, demokrasi tea urang adegkeun?....tapi 
ketang, hese di dunya goib kieu mah*Ah, nyanggakeun*uka ah moek..(tau ah, 
gelaaapp*) heheh.
 
punten ah, rada seukeut...pisss meeen....
ro2


>>> [EMAIL PROTECTED] 03/26/07 12:03PM >>>
Ari sim kuring mah asa teu ningali kang Ely ijid kana kasundaaan atawa kana  
basa sunda, tapi anjeunna mintonkeun pamadegannana sanggeus  nyoba ngotektak ti 
 sisi sejen  tina sabagean karakter/kaayaan  bangsa urang, khususna ki sunda. 
Analisana aya nu bener, satengah bener jeung  bisa wae nyalahan. Wajar ngaranna 
ge pamadegan .

Keur ngadegkeun  demokrasi mah  alus pisan padungdengan samodel kieu teh. ...

Kirim email ke