Leres gosali, dapur panday beusi. Aya tilu rupi kamus Ind-Sunda, 1. Kamus Dwibahasa Ind-Sunda/Oyon Sofyan/Budpar Jabar/2001, 2. Kamus Ind-Sunda, Sunda-Ind/Fatimah Djajasudarma dkk/Alumni/2004, 3. Kamus Sunda-Ind, Ind-Sunda, Sunda-Sunda/Budy R Tamsyah/Pustaka Setia/1998. Nu seueur di pasar Palasari nu kenging Budy R Tamsyah, mung nyakitu kandelna 750 kaca dibagi tilu, nu Ind-Sunda kirang langkung 200 kaca, upami nilik kana kecap basa Ind nu seueur, hartosna eta kamus teh teu lengkep. Kitu deui buku no.1 sareng no.2.
MSas ----- Original Message ----- From: "Dudi Herlianto" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Wednesday, March 28, 2007 12:40 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Kujang, saeh jeung basa Sunda haturan wa, ari kujang mah puguh teu gaduh. wa, ari dapurna si empu teh gosali tea kitu? sami sareng dapurna panday? oge kataji ku ngempelkeun kecap-kecap sundana. asa diemutan kahayang kamari, hayang gaduh kamus indonesia-sunda. aya babaturan ngintun artikel dina basa indonesia, hayang diterjemahkeun. na geuning hesena audubilah :( sugan ua gaduh kamus indonesia-sunda? dh

